Datang ka kamar, kakara ge rek salin baju ku piyama. Kadenge Irwan gegeroan bangun keur kaayaan soak jeung reuwas! Rizal buru-buru muru.
“Aya naon, Wan?” tanyana heran.
“Mamih…, Zal! Tingali!” Irwan nyempod di juru kamar. Beungeutna sepa jeung ngadegdeg.
Barang srog, Mamih Sully nyalopa 'na korsi malesna! Lamun panonna teu molotot jeungna teu semu nu ngelel mah tangtu kawas keur sare tibra.
Sakedapan Rizal ngajentul bangun teu percaya kana tetempoanana. Sanggeus sidik kalawan yakin mah yen Mamih Sully geus maot kakara manehna undur. Ret ka Irwan nu masih keneh sepa di juru. Panonna melong Rizal bangun menta kacindekan! Rizal unggeuk laun.
“Maot, Wan!” pokna nahnay.
“Inalillahi wainna ilaihi roji'un!” gerendeng Irwan laun. Tungku luk sirahna.
Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2021; 14,5 x 21 cm; 112 kaca; Softcover