Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Maret, 2014

SAÉNI

Hadi AKS Saéni ngaguar lalakon cinta nu ahéng antara anak jeung indung. Asih nu kemba, nu ukur ngagalindeng dina angen sorangan, jadi daya tarik utama tina ieu carita. Gambaran alam basisir, kahirupan pamayang jeung kapercayaan mistikna, kasenian Ubrug di pasisian Banten, minangka latar anu henteu kapanggih dina novel Sunda saméméhna. Saéni geus ngasongkeun nuansa séjén nu nenggang dina kamekaran sastra Sunda kiwari. Nilik kana beungharna pangaweruh anu gumulung dina jagat Saéni , kuring yakin ieu novel téh ngan bisa ditulis ku leungeun nu bobolokot (dirobah tina kekecapan van Peursen: “berpikir dengan tangan kotor”). Hartina, ieu novel téh ngan bisa ditulis satutas pangarangna bobolokot ngayakeun panalung-tikan anu daria ngeunaan kahirupan pamayang jeung anak wayang. Tegesna, lain novel ladang ngalamun. Pikeun pakumbuhan sastra Sunda mah ieu téh kontribusi nu lain lumayan. Ku medalna Saéni sastra Sunda ku Hadi AKS dibetot ti Priangan ka basisir kulon, saperti Darpan nu metot sas