Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari September, 2014

DIARAH PATI

Margasulaksana   Di antara leuwih ti sapuluh judul buku beunang Marga­sulak­sana, beunang disebutkeun Diarah Pati anu pangpunjul­na. Punjul dina katohagaan struktur carita­na, punjul dina gambaran ngeunaan perwatek tokoh-tokoh ka­tut kaayaan anu dica­ritakeunana, punjul dina kandelna deuih. Minangka carita mistéri anu mung­garan dina basa Sunda, Dia­rah Pati ogé némbongkeun ka­punjulna tina carita-carita mistéri pan­deu­ri­eunana. Nu matak leuwih ti mere­nah lamun dibaraca deui ku urang Sunda kiwari téh.   Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2014, 198 kaca, Rp 49.000,-

GEULANG KORONCONG

Holisoh, salah sahiji pangarang Sunda pangproduktifna, dina ieu kumpulan carpon (aya dua puluh), saperti dina dua romanna anu kungsi terbit (Katineung, 1998, jeung Kembang-kembang Petingan, 2002), nyaritakeun romantika jeung dina­mika kahirupan kulawarga, hubung­an ko­lot-anak—hususna tina sisi awewe, kon­flik salaki-pamajikan, konflik jeung “in­trik” pa­pa­da awewe hususna anu geus laki-rabi, konflik anu sakapeung rada nyosok kana hal-hal anu, sacara psiko­lo­gis, leuwih jero. Kiblat Buku Utama,2014; 14,5 x 21 cm; 128 hal; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

NGAWADALKEUN NYAWA

Ngawadalkeun Nyawa minangka karya Moh. Ambri nu panghadena, lantaran dina ieu roman katempo yen Ambri terang pisan kana alam pikiran urang Sunda jeung tradisi Islam anu geus nyerep dina kahirupan urang Sunda. Dina ieu roman oge, kaciri kabeungharan imajinasi Ambri, di antarana, nalika ngalu­kiskeun kaayaan imah Ki Sudagar (ieu su­da­gar teh anu nurunkeun Nyi Sarimaya, istri anu jadi para­gatama [tokoh utama] ieu roman—anu ngurbankeun maneh keur hirupna carogena). Kaciri deuih kawanoh nu jero Ambri kana alam pikiran para kyai (ajengan) nalika anjeunna nyaritakeun Ki Datawardaya (minantu Ki Sudagar) anu mila­rian calon caroge keur Nyi Sarimaya. Sacara tapis ku Ambri dipesek yen henteu sakabeh anu nyuprih elmu kaagamaan di pasantren teh karana Allah, rereana mah malah boga niat keur kapentingan sorangan. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 78 kaca, Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

MOAL DIMUMURAH

I. Asikin   Dina ieu kumpulan carpon Moal Dimumurah , Ikin Asikin ngangkat rupa-rupa téma kahirupan pilem­buran jeung pasisian dumasar kana kondisi jamanna: mojang jeung bujang di jaman pen­dudukan Jepang (“Moal Dimumurah”), kasarakahan gegedén anu ngalantaran­keun papait keur rayat leutik dina mangsa cultuurstelsel -na  Walanda (“Lumpuhna Juragan Aria”); jal­ma-jalma golongan leu­tik kayaning supir (“Taluk”),  kuli, buruh jeung tukang  mikat manuk (”Tukang Mikat”), tu­kang nguruskeun ha­yam adu (“Giliran Bah Odo”), guru di lembur singkur, tagiwurna rayat dina mangsa gorombolan ngagalaksak (“Jurig Nyiliwuri”), kahirupan Ki Pamatang jeung sékésélérna (“Sékésélér Ki Pa­ma­tang”), jll-na. Kalayan basa anu tapis tur munel, gunem catur anu hégar sarta di­reumbeuy ku heureuy, Moal Dimumurah matak pogot anu macana. Citakan I, 2014, 132 kaca, Rp 33.000,-