Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2017

BÉNTANG PASANTRÉN

Béntang Pasantrén nyaritakeun katresna santri ka putra ajenganana anu jadi rebutan lurah santri jeung santri kahot séjénna. Ku katapisna dina nyusun ungkara anu direumbeuy ku humor jeung kekecapan has pasantrén—beunang nyutat tina Qur'an, hadis, jeung kitab lianna, ieu karya Usép Romli HM téh kaasup kana karya petingan anu milu ngabeungharan sastra Sunda.   Usep Romli HM;  Citakan IV, 2016; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca

DUR PANJAK!

Dur Panjak! téh kumpulan ésai jeung kritik sastra sunda anu kungsi terbit taun 1966. Anu ayeuna pindo citakna. Ésai jeung kritik dina ieu kumpulan, lolobana kungsi dimuat dina média citak Sunda saméméh taun terbitna nu munggaran kayaning Sipatahoenan, Kalawarta LBSS jeung Mingguan Sunda . Di antara eusina nyaéta ngeunaan étika sastra nu owah-gingsir karena parobahan zaman; esai ngabelaan Moh. Ambri anu dituduh plagiat; ngeunaan tulisan-tulisan Hasan Mustapa; pasualan subyéktivitas-obyéktivitas kritik sastra; kritik sastra anu boga dobel fungsi; jrrd. Karya sastra, novel boh, carpon, atawa sajak geus loba dianggit ku para pangarang (sastrawan) Sunda, tapi kritik sastra masih kénéh langka. Dur Panjak! salah sahiji tina ngan saeutik pisan karya tulis anu tangtu baé henteu saeutik mangpaatna pikeun kamajuan sastra Sunda. Ajip Rosidi;  Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2017; 14,5 x 21 cm.; 128 kaca

KI MEREBOT

“Enya nyanéh ngahalalkeun bayawak, hah? ”Henteu, Juragan, teu nyebat halal.... Abdi mah nyarios bari heureuy..., bayawak tiasa diteda. Maksad abdi téh tiasa dicapék, Juragan.... Bénten deui sareng batu... sareng suluh.” Ger deui sareuri teu katahan. “Kurang ajar...!” saur Juragan Naib. Pasemon ngageunteul awahing ku bendu. “Awas siah, Merebot, hadis mah teu beunang dibawa heureuy, deuleu.... Doraka, siah!” “Kumaha atuh, Juragan, pan sareng tatangga.... Sering dongkap ka rorompok ngadon ngobrol babalagonjangan.” Ger deui ngaguruh saémpér masigit. Dina Ki Merebot , Ahmad Bakri kalawan tapis ngagunakeun basa Sunda dina wangun paguneman anu merenah tur hirup, hususna dina ngagambarkeun kahirupan di pilemburan mangsa saméméh perang. Bisa jadi karena kasang tukangna guru, loba amanat nu hayang ditepikeun dina carpon-carponna téh. Tapi ku sabab mahér nyelapkeun heureuy has Sunda, éta amanat téh teu karasa mapatahan ku nu macana.   Ahmad Bakri;  Citakan II, 2016; 14,5 x 21 cm.; 98 kaca

BARUANG KA NU NGARORA

Dina Baruang ka nu Ngarora nu ngarangna kalawan hadé pisan ngagambarkeun kahirupan masarakat feodal jeung kolonial, nyaéta kaayaan kahirupan masarakat Indonésia (hususna masarakat urang Sunda) dina abad ka-19 katompérnakeun. Nyaéta masarakat nu diéksploitasi ku nu ngajajahna ku rupa-rupa jalan, antarana nu mangrupa kultuurstelsel (pelak kopi) jeung ku jalan ngaduhareupankeun kahirupan rahayat jeung kahirupan kaum ménak (priyayi). Nasib anu dilakonan ku Ujang Kusén jeung Nyi Rapiah téh dina hakékatna mah mangrupa akibat tina kaayaan masarakat nu féodal-kolonial téa. Sabab ngan dina masarakat nu kitu wungkul, jelema cara Aom Usman bisa ngalaksanakeun karep jeung kahayangna kalawan laluasa. ~Ajip Rosidi DK Ardiwinata ;  Citakan II, 2017; 14,5 x 21 cm.; 108 kaca

RASIAH NU GORÉNG PATUT

Rasiah nu Goréng Patut atawa Karnadi Anémer Bangkong , nyaritakeun lalampahan Karnadi, nu pakasabanana kaasup panghina-hinana mangsa harita—ngala bangkong—kitu deui rupana nu kagolongkeun kacida goréng patutna, tur asal-muasalna nu teu puguh. Béda jeung para tokoh nu diangkat dina karya sastra Sunda saméméhna nu pasrah kana nasib, tokoh dina ieu novel, boga pamadegan yén hirup mah henteu gumantung kana rupa tapi kana akal-ékolna, keyengna kahayang, kateuneungna, tur kamampuhna dina ngudag éta kahayang. Ku sabab boga paham kitu, wajar lamun Karnadi mikahayang ka nu tanding lain: ka Eulis Awang putra Mas Sura, jelema anu pidunya. Soekria/Joehana ;  Citakan II, 2016 ; 14,5 x 21 cm.;  68 kaca

SI SEKAR PANGGUNG

Entom gancang ngaderegdeg, rék nyusul Si Panggung anu ku Kang Gilang geus dibalikkeun arahna. Gancang dicekel kadalina, bari ditepakan beuheungna. Késang Si Panggung rembes saawak-awak. Sabot kitu, penyiar ngumumkeun: “Juara kesatu... kuda nomor tujuh... Sekar Panggung! Ya, Sekar Panggung dari istal Mayang Kencana, milik Haji Tantowi..., Bandung...!” Saharita Entom langsung susurakan. Cacak mun keur henteu nungtun kuda, jigana bakal ajrag-ajragan, atawa boa terus maksakeun koprol dina track.   Novelet Barudak Basa Sunda;  Tatang Sumarsono ;  Citakan II, 2017; 14,5 x 21 cm; 60 kaca

OCHANK

“Itu tuh, euy!” cék nu saurang bari malédogkeun guruntulan taneuh garing. Enya baé oray bedul, cék Ochank dina haténa. Awakna gedé semu buntet, sisitna mani hérang. Oray téh dikepung ku lobaan, bari ditarimbulan. Bek aya anu keuna kana awakna. Oray ngagorémpal, tapi terus ngaleor deui. Ku barudak terus dibeberik. “Enggeus euy, tong dipaéhan!” omong kosong Ochank bari ngahalangan budak anu mamawa paneunggeul. “Halik tong ngagokan!” “Ih, antep! Karunya,” omong Ochank deui bari angger ngahalangan. Tapi budak anu mawa awi téh kalah ngahabek satakerna, sabot oray ngaléor kana deukeut suku Ochank. Atuh puguh waé, jadi suku anu kateunggeul téh. Novelet Barudak Basa Sunda;  Tatang Sumarsono ;  Citakan II, 2017; 14,5 x 21 cm; 52 kaca