Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Maret, 2008

DALINGDING ANGIN JANARI

Usép Romli H.M. Dalingding angin ti masjid, karék liwat dina panineungan Fénny. Tacan namper dina lelembutanana. Tapi Néndah yakin, bakal aya parobahan. Isuk jaganing pagéto. Sanajan duka iraha. Kullu man alaiha fanin. Sakur nu kumelendang, taya nu langgeng di alam dunya. Dalingding angin ti masjid ogé, moal saukur nebak saliwatan dina panineungan. Pasti hiji waktu bakal namper saendeng-endeng dina lelembutan. Dina galura kamarudahan Fénny. Isuk pagéto. Atawa biheung iraha. Ukur Alloh Nu Maha Uninga. Citakan I, 2007; 14,5 x 21 cm; 68 kaca; Rp 15.000,-

UNDANG-UNDANG DASAR NAGARA RÉPUBLIK INDONÉSIA TAUN 1945

Undang-Undang Dasar Nagara Républik Indonésia Taun 1945 nu disundakeun tur dimuat dina ieu buku téh nyaéta Undang-Undang Dasar Nagara Républik Indonesia Taun 1945 dina Sanaskah, nyaéta gundukan tina Undang-Undang Dasar Nagara Républik Indonésia Taun 1945 Naskah Asli, Parobahan Kahiji, Parobahan Kadua, Parobahan Katilu, jeung Parobahan Kaopat. Citakan I, 2007; 14,5 x 21 cm; 100 kaca; Rp 25.000,-

POLEMIK UNDAK-USUK BASA SUNDA

Naha enya undak-usuk basa Sunda téh teu perlu dipaliré deui karena teu luyu jeung alam démokrasi tur mangrupa warisan zaman feodal? Dina ieu buku, kalayan tandes Ajip Rosidi nembrakkeun pamadeganana. Dipairan ku lima tokoh Sunda: Saini KM, Djadja Sargani, Fatimah Idat, Béni Setia, jeung Popo Iskandar. Teu kantun, Dodong Djiwapradja gé nyodorkeun sawanganana sa-cara gamblang. Kacindekanana moal hamham deui milu ngarojong tarékah urang nanjeurkeun cecekelan, kumaha jeung rék dikumahakeun undak-usuk basa Sunda téh dina kamekaran basa jeung kahirupan urang Sunda umumna. Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2022; 14,5 x 21 cm; 96 kaca; Softcover Beli  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak