Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2016

ANJAR JEUNG RAMPOG GEULIS

Sanggeus tepung jeung indungna nu tuluy ditikah ku Daéng Hapati, jago silat turunan Bugis-Makasar nu matuh di Tatar Sunda, jeung ngabinasakeun lanceuk sapaguruanana nu durhaka (baca Anjar Tepung jeung Indung ), Anjar kalaksanakeun kawin ka bébénéna, anak Haji Salim téa. Dina buku katilu sérial Anjar ieu, Anjar jeung Rampog Geulis , orokna Anjar selesai ku gorombolan rampog nu dipingpin ku Nyi Laras. Lain ngan ngarampog rajabarana di wewengkon tempat matuhna Anjar, éta gorombolan téh mindeng nyulik orok nu tuluy disébakeun ka ratuna, nya Nyi Laras téa, keur ngajaga kakuatan jeung kageulisanana. Tokoh-tokoh dina buku kadua, Daéng Hapati saparakanca, muncul deui mantuan Anjar ngabasmi gorombolan rampog téa.    Achmad Rustandi;  Edisi Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2016, 14,5 x 21 cm., 64 kaca

ANJAR TEPUNG JEUNG INDUNG

Dina buku kahiji sérial Anjar ( Anjar Lawan Raja Bangsat ), Anjar dipulung anak ku Haji Husén, karena ieu haji beunghar téh teu boga turunan. Ku bapa kukutna, Anjar ditawaran nikah ka anakna Haji Salim, nu kungsi ditulungan ku Anjar tina pangarah raja bangsat. Saat ini, da Anjar gé mémang neundeun haté ka mojang geulis lenjang pilihan bapa kukutna. Ngan ménta waktu opat puluh poé pikeun nohonan jangjina ka guruna, Kiai Ngésti, nibankeun hukuman ka lanceuk sapaguruanana anu durhaka jeung maling Kitab Pusaka kagungan guruna. Sakalian deuih, Anjar rék néangan indungna di mana dumukna lamun masih kénéh aya, atawa hayang nyaho kuburanana lamun geus teu aya di kieuna.  Achmad Rustandi;  Edisi Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2016, 14,5 x 21 cm., 84 kaca