Mar 18, 2008

DALINGDING ANGIN JANARI


Usép Romli H.M.
Dalingding angin ti masjid, karék liwat dina panineungan Fénny. Tacan namper dina lelembutanana. Tapi Néndah yakin, bakal aya parobahan. Isuk jaganing pagéto. Sanajan duka iraha.
Kullu man alaiha fanin. Sakur nu kumelendang, taya nu langgeng di alam dunya.
Dalingding angin ti masjid ogé, moal saukur nebak saliwatan dina panineungan. Pasti hiji waktu bakal namper saendeng-endeng dina lelembutan. Dina galura kamarudahan Fénny. Isuk pagéto. Atawa biheung iraha.
Ukur Alloh Nu Maha Uninga.
Citakan I, 2007; 14,5 x 21 cm; 68 kaca; Rp 15.000,-

OCHANK


Novelet Barudak Basa Sunda
Tatang Sumarsono
“Itu tuh, euy!” cék nu saurang bari malédogkeun guruntulan taneuh garing.
Enya baé oray bedul, cék Ochank dina haténa. Awakna gedé semu buntet, sisitna mani hérang.
Oray téh dikepung ku lobaan, bari ditarimbulan. Bek aya anu keuna kana awakna. Oray ngagorémpal, tapi terus ngaléor deui. Ku barudak terus dibeberik.
“Enggeus euy, tong dipaéhan!” omong Ochank bari ngahalangan budak anu mamawa paneunggeul.
“Halik tong ngagokan!”
“Ih, antep! Karunya,” omong Ochank deui bari angger ngahalangan.
Tapi budak anu mawa awi téh kalah ngahabek satakerna, sabot oray ngaléor kana deukeut suku Ochank.
Atuh puguh waé, jadi suku anu kateunggeul téh.
Citakan I, 2007; 14,5 x 21 cm; 52 kaca; Rp 15.000,-

Mar 14, 2008

SI SEKAR PANGGUNG


Novelet Barudak Basa Sunda
Tatang Sumarsono
Entom gancang ngaderegdeg, rék nyusul Si Panggung anu ku Kang Gilang geus dibalikkeun arahna. Gancang dicekel kadalina, bari ditepakan beuheungna. Késang Si Panggung rembes saawak-awak.
Sabot kitu, announcer ngumumkeun: “Juara kesatu... kuda nomor tujuh... Sekar Panggung! Ya, Sekar Panggung dari istal Mayang Kencana, milik Haji Tantowi..., Bandung...!”
Saharita Entom langsung susurakan. Cacak mun keur henteu nungtun kuda, jigana bakal ajrag-ajragan, atawa boa terus maksakeun koprol dina track.
Citakan I, 2007; 14,5 x 21 cm; 60 kaca; Rp 15.000,-

UNDANG-UNDANG DASAR NAGARA RÉPUBLIK INDONÉSIA TAUN 1945


Undang-Undang Dasar Nagara Républik Indonésia Taun 1945 nu disundakeun tur dimuat dina ieu buku téh nyaéta Undang-Undang Dasar Nagara Républik Indonesia Taun 1945 dina Sanaskah, nyaéta gundukan tina Undang-Undang Dasar Nagara Républik Indonésia Taun 1945 Naskah Asli, Parobahan Kahiji, Parobahan Kadua, Parobahan Katilu, jeung Parobahan Kaopat.
Citakan I, 2007; 14,5 x 21 cm; 100 kaca; Rp 25.000,-

POLEMIK UNDAK-USUK BASA SUNDA


Panganteur: Dodong Djiwapradja
Naha enya undak-usuk basa Sunda téh teu perlu dipaliré deui lantaran teu luyu jeung alam démokrasi tur mangrupa warisan jaman féodal?
Dina ieu buku, kalayan tandes Ajip Rosidi nembrakkeun pamadeganana. Dipairan ku lima tokoh Sunda: Saini K.M., Djadja Sargani, Fatimah Idat, Béni Setia, jeung Popo Iskandar. Teu kantun, Dodong Djiwapradja gé nyodorkeun sawanganana sa-cara gamblang. Kacindekanana moal hamham deui milu ngarojong tarékah urang nanjeurkeun cecekelan, kumaha jeung rék dikumahakeun undak-usuk basa Sunda téh dina kamekaran basa jeung kahirupan urang Sunda umumna.
Citakan II, 2007; 14,5 x 21 cm; 96 kaca; ISBN 979-3631-96-1; Rp 20.000,-

Feb 23, 2007

SAJAK SUNDA


Dipilih tur dipanganteuran ku
Ajip Rosidi

Dina sajarahna anu tacan kungsi satengah abad, kabuktian sajak dina basa Sunda téh geus ngahontal ajén anu bisa dipikareueus jeung geus miboga tradisi anu pageuh ngakar dina kahirupan budaya. Sajak, cara dangding nu mangrupa wangunan sastra anu jolna tina pangaruh sastra dina basa séjén, dina basa Sunda geus tumuwuh kalawan séhat tur réa sastrawan Sunda anu némbongkeun karancagéanana ku nyipta sastra dina éta wangunan. Cindekna wangunan sajak dina basa Sunda anu waktu mimiti diwanohkeun dina sabudeureun tahun 1950 réa meunang panolak ti jalma-jalma anu kabungbulengan ku dangding, kiwari geus jadi wangunan anu mapan, tur geus ngabeungharan sastra Sunda ku ciptaan-ciptaan anu luhur ajénna.

Buku Sajak Sunda anu eusina ngan sajak wungkul, ngabuktikeun hal éta. Dina ieu buku dimuat sajak-sajak anu ku nyusunna dianggap miboga ajén pikeun dipidangkeun. Ieu buku lain baé mangrupa kabeungharan khazanah sastra Sunda, tapi mangrupa wujud budaya anu baris jadi warisan pikeun generasi anu pandeuri.
Cit. I, 2007, 14,5 x 21 cm.; 692 kaca; ISBN 979-3631-95-3; Rp 98.000,-

URANG SUNDA JEUNG BASA SUNDA


Ajip Rosidi

Tina kanyataan sapopoé, katingal yén urang Sunda beuki réa anu embung nyarita ku basa Sunda. Salah sahiji sababna nyaéta henteu ngarasa reueus kana basa Sunda, sanajan ceuk sawatara ahli basa Sunda téh basa anu pangbeungharna, panglemesna, jeung pangngeunahna didéngékeunana.
Buku Urang Sunda jeung Basa Sunda hayang ngahudangkeun kareueus urang Sunda sangkan nyarita basa Sunda, lain baé jeung babaturanana sapantar atawa jeung salaki atawa pamajikanana baé, tapi pangpangna jeung barudakna nu jadi ahli waris anu sah pikeun manjangkeun umur basa Sunda sangkan lana di dunya.
Cit. I, 2007; 14,5 x 21 cm.; 184 kaca; ISBN 979-3631-80-5; Rp 30.000,-

Jan 12, 2007

OLéH-OLéH PERTEMPURAN


Rukmana Hs.
Sabada maca Oléh-Oléh Pertempuran, barudak Sunda anu henteu kungsi ngalaman révolusi, nu henteu boga gambaran kumaha saenyana kayaan jaman harita, ngaliwatan hasil kréasi nu imajinatif, baris boga gambaran anu leuwih riil ngeunaan mangsa harita. Cindekna, carita-carita Rukmana Hs. Bisa dianggap minangka saksi ngeunaan patriotisme jeung kaihlasan para pamuda Sunda dina enggoning ngabéla kamerdékaan bangsana.
Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 182 kaca; ISBN 979-3631-94-5; Rp 28.000,-

KAMUS BASA SUNDA R.A. DANADIBRATA


Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda
Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran
(Edisi Hardcover)

Kamus basa Sunda medal deui. Ayeuna mah R.A. Danadibrata (1905-1987) nu nyusunna téh. Hasil kumpal-kempil kukumpul kekecapan salila 40 taun éta téh. Ti 1930-1970-an persisna mah. Munasabah mun jumlah éntrina pangréana, 40.000 kitu atuh.
Mangga bandingkeun sareng kamus basa Sunda liana. Katara geura onjoyna. A Dictionary of the Sunda Language of Java (1862) anu disusun ku Jonathan Rigg, éntrina ngan 9.308. Kamus Basa Sunda (1948) yasana Sacadibrata ngan ngawadahan 18.000 éntri. Demi Soendaas-Nederlands Woordenboek (1984) anu disusun ku F.S. Eringa ngan nepi ka 22.500 éntri.

Lebah dinya nyongcolangna Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata téh. Nu matak salila 150 taun lalakon nyusun kamus basa Sunda, sigana nya R.A. Danadibrata pisan nu bias ngalengkepan kandaga kamus Sunda. Geuning sidik basa Sunda téh beunghar.
Cit. I, 2006; 18,5 x 24,5 cm.; 782 kaca; ISBN 979-3631-93-7; Rp 275.000,-

LAGU LIWUNG URANG BANDUNG


Apung S. Wiratmadja
Lagu Liwung Urang Bandung nu ngamuat 30 dangding jeung dua sawér téh ngébréhkeun rupaning rasa anu pagaliwota jeroeun dada Apung S. Wiratmadja. Taya lian nu dipicangcamna téh nanasiban anu karandapan ku dayeuh Bandung kiwari. Boh nu gérengna. Bohn nu hadean.
Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; ISBN 979-3631-92-9; Rp 15.000,-

SURAH YAA SIIN


Tarjamahna Dina Basa Sunda
Sareng Sari Tilawahna Winangun Pupuh
Kenging Drs. Hr. Hidayat Suryalaga

Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 48 kaca; Rp 15.000,-

TATARUCINGAN URANG SUNDA


Beunang Ngumpulkeun Rachmat Taufiq Hidayat & Darpan, S.Pd.
Sanajan tatarucingan parantos lami dipikawanoh ku urang Sunda, tapi dugi ka danget ayeuna, teu acan seueur anu leukeun ngempelkeunana dina wa­ngun buku. éta baé dina mangsa saratus taun téh, urang ngan ukur mendakan opat buku tata­rucingan. Padahal, tatarucingan urang Sunda téh teras nambihan ti wanci ka wanci, sumebar saca­ra lisan di kalangan barudak Sunda, sareng baca­car dina majalah-majalah basa Sunda.
Ieu buku midangkeun sawatara conto tata­ru­cing­an anu mindeng jadi bungbu heureuy urang Sun­da, pangpangna di lingkungan barudak.

Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; ISBN 979-3631-66-X; Rp 15.000,-

SURAT KEUR BANDUNG


Kumpulan Sajak Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda
Kota Bandung téh merenah pisan upami disebat Kota Inspirasi, pangpangna kanggo para sastra­wan Sunda, hususna panyajak.
Niténan sajak-sajak dina ieu buku, ébréh pisan kaayaan dayeuh Bandung ti mangsa ka mangsa nu diserat ku panyajak unggal entragan. Ditingal tina titimangsana, sajak-sajak dina ieu buku téh ngagambarkeun kaayaan Bandung ti taun 1957 dugi ka 2005. Sanaos sajak nu kapidangkeun di dieu téh henteu lengkep saban taun, nanging ditingal dina panyajakna mah méh saban en­tragan kawakilan.
Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca; ISBN 979-3631-65-1; Rp 18.000,-

MANGSI ASIH KALAM TRESNA


Kumpulan Surat Cinta
Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda

TÉMA cinta nu kapihatur dina ieu buku diwujudkeun dina rupi-rupi kaayaan: rasa bagja, brangta, sugema, sono, égo, sedih, peurih, honcéwang, ngawang-ngawang, waas, tur baluas. Kapan lebah dinya pisan onjoyna rasa cinta téh. Cinta mah sajuta rasa, mam­puh meruhkeun angkuh, sakti ngikis kaijid, luhung mupus adigung; malah nu borangan jadi ludeungan, nu galak jadi taak. Singsaha waé nu keur diayun-ambing ku cinta, moal ngitung untung rugi, jauh tina lewang jeung longkéwang; nu kebek dina dada nya éta geter asmara. Ieu buku midangkeun serat cinta kénging welasan pangarang Sunda.
Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; ISBN 979-3631-73-2; Rp 15.000,-

KéOM SAKEDAP


Humor Urang Sunda di Internét
Syam Ridwan
Kamahéran Syam Ridwan nulis carita heureuy nu ngandung otokritik, sindiran jeung parodi geus némbongkeun kualitas dirina nu cocog pikeun jadi Ketua Partéy Seuri Nasional, Jubir Presidén Urusan Seuri, Mantri Nagara Koordinator Seuri Rak­yat atawa Mantri Nagara Peningkatan Pe­ranan Seuri. Pantes ogé jadi Wagub Jabar widang pangwangunan seuri Sunda. Atuh paling henteu ogé jadi bupati di lemburna sorangan, Sumedang. —MANG JAMAL, Kuncén KUSnét jeung tukang seuri (sorangan)
Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca; ISBN 979-3631-79-1; Rp 15.000,-

DULAG NALAKTAK


Usép Romli H.M.
Numutkeun Kang Ibing mah, nulis carita humor téh leuwih hésé ti batan ngabodor dina panggung. “Ngabodor dina panggung mah langsung katénjo seuri jeung teu seurina jelema téh. Ari ku tulisan mah, teuing.”
Dulag Nalaktak téh mangrupa buku kumpulan carita humor Usép Romli H.M. anu panganyarna. Tina judulna gé moal boa bakal ngahudang ka­pana­saran. Mun henteu ngeunah seuri nepi ka ngehkey nyeri kulit beuteung jeung sééleun, atuh sakurang-kurangna nu maca bakal imut kanjut. Tapi mun rék sura-seuri sorangan, omat kudu luak-lieuk heula bisi aya nu nyérangkeun.
Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm; 144 kaca; ISBN 979-631-67-8; Rp 13.000,-

BéNTANG PASANTRéN


Usép Romli H.M.
Béntang Pasantrén
nyaritakeun katresna santri ka putra ajenganana anu jadi rebutan lurah santri jeung santri kahot séjénna. Ku katapisna dina nyusun ungkara anu direumbeuy ku humor jeung kekecapan has pasantrén—beunang nyutat tina Qur’an, hadis, jeung kitab lianna, ieu karya Usép Romli H.M. téh kaasup kana karya petingan anu milu ngabeung­har­an sastra Sunda.

Citakan II, 2006; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; ISBN 979-3631-71-6; Rp 18.000,-

PANGGEUING: HARéWOS TUTUGAN GUNUNG


Hasil Pasanggiri Nulis Puisi Kehutanan Tingkat SLTP-SLTA Sa-Tatar Sunda
Perum Perhutani Unit III Jawa Barat & Banten

Buku puisi Sunda kehutanan Panggeuing ogé raket jeung pancén Pangwangunan Jawa Barat anu kalima, “Membangun Kehidupan Sosial Ber­landaskan Budaya Daérah.” Dina hal ieu ku urang rajeun disebut pangwangunan anu ramah budaya. Sadayana mangrupi tarékah ngamasarakatkeun katut ngawanohkeun lingkungan keur masarakat utamana kanggo kaom nonoman. — Drs. H. DANNY SETIAWAN, M.Si., GUPERNUR JAWA BARAT
Citakan I, 2005; 14,5 x 21 cm.; 60 kaca; Rp 11.000,-

SI PUCUK KALUMPANG


Dongéng Sunda Buhun
Ajip Rosidi
“Ema, Ema!
Nu nyaah lain ceuk béja!

Na naon nu beureum-beureum

Dina suku mani euceuy?”

Ku katelengesan bapana sorangan, Si Pucuk Kalumpang kudu naék kana tarajé bedog anu kacida seukeutna. Unggal-unggal manéhna nété kana hambalan tarajé, aya baé bagian awakna anu kakeureut, tepi ka ahirna mah ngalumbuk si­ga daging nu dicacag. Ku bapana daging Si Pucuk Kalumpang téh diparabkeun ka Si Jelug, hayam jago kukutanana.
Citakan II, 2005; 14,5 x 21 cm.; 44 kaca; ISBN 979-3631-60-0; Rp 10.000,-

NYI BUNGSU RARANG


Dongéng Sunda Buhun
Ajip Rosidi
Nyi Bungsu Rarang nyaritakeun budak bungsu anu dikaniaya ku lanceuk-lanceukna sorangan. Ung­gal poé manéhna kudu digawé paéh poso su­paya bisa dahar keur manéhna jeung keur Si Leungli, lauk emas piaraanana. Tapi dina hiji poé, waktu Nyi Bungsu Rarang keur digawé, Si Leung­li dipaling ku lanceuk-lanceukna, tuluy diasakan pikeun deu­ngeun sangu, didahar balakécrakan.
Basa nyahoeun Si Leungli leungit, Nyi Bungsu Rarang kacida kuciwana. Barang ditanyakeun ka lanceuk-lanceukna, hiji ogé euweuh nu ngaku. Wak­­tu ditéangan ngan ukur kapanggih huluna wungkul. Ku manéhna, hulu Si Leungli diboéhan, tuluy dikubur di jero imah­na. Teu lila ti harita, di imahna melentung sirung nepi ka jadi tangkal anu kacida ahéngna. Sabab daunna, kembangna jeung buahna téh kabéh ogé mangrupa emas permata.
Citakan II, 2005; 14,5 x 21 cm.; 44 kaca; ISBN 979-3631-60; Rp 10.000,-