Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Mei, 2016

TAPAK LACAK DUDUH DURAHMAN

Dina jagat seni Duduh Durahman boga tapak lacak anu bakal lana nepi ka iraha waé. Komo deui dina sastra Sunda. Kawasna henteu kaleuleuwihi mun dina kasusastraan Sunda mah, Duduh Durahman kawilang gulangkep. Salian ti nulis kritik kana karya-karya sastra Sunda, Duduh gé nulis karya fiksi, ti mimiti carpon tug nepi ka carita nyambung. Anu kawilang atra méré warna, Duduh menulis carita-carita détéktif jeung narjamahkeun karya-karya kelés dunya. Lantaran Duduh Durahman kawilang lega tur panjang tapak lacakna, tangtu réa pangarang, aktor, atawa ti lingkungan pilem anu boga panineungan jeung kesan husus ka Duduh Durahman. Buku Tapak Lacak Duduh Durahman téh tanda aprésiasi ka Duduh Durahman pikeun ngaguar deui kanyaahna kana sastra Sunda, pilem, jeung téater. Aya 33 pangarang nu nulis dina ieu buku téh. Dina béhna mah, eusina lain ukur panineungan déét, tapi bisa méré gambaran ka nu maca kaayaan kasusastraan sakitu puluh taun katukang. Di jerona aya prosés kréatif, cutatan lalakon, j