Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari November, 2014

NYI SARIKINGKIN

Tb. Djajadilaga Dina Nyi Sarikingkin nu maca bakal nimu jalan carita anu méh sarimbag jeung dongéng kamashur ti negeri deungeun, nyaéta Cinderélla. Malah carita anu sawanda jeung Cin­derélla mah universal. Aya rumaja awé­wé (biasana) geulis boh ti kalangan cacah boh ti kalangan mé­nak anu sang­sara, saperti dikakaya ku indung jeung lanceukna nu awé­wé misalna. Ku lan­taran kasabaranana dina narima nasibna, manéhna ditulungan ku ipri, jin atawa pohaci, tuluy (biasa­na) papanggih atawa dipanggihkeun jeung pangéran anom anu kasép, nu engkéna bakal jadi raja adil palamarta. Dina ieu buku, nyi mojangna téh ti kalangan ménak,  bapana salah sahiji bangsawan di hiji karajaan gedé. Ngan sabada ditinggalkeun maot ku indungna, bapana meunang­keun indung té­ré jeung lanceuk-lanceuk nu garoréng adat ka manéhna. Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2014, 64 kaca, Rp 20.000,-

KEMBANG-KEMBANG ANTEN

Aam Amilia lahir tur gede di Bandung. Ti umur 12 taun geus resep tulas-tulis. Cerpenna, "Ulang Tahun", dimuat dina Lembaran Minggu Pikiran Rakyat. Carponna nu munggaran "Timburu" kapanggih ku Muh. Rustandi Kartakusumah, dimuat dina Mangle keur Aam umur 16 taun. Saterusna jadi pangarang dina dua basa. Nepi ka ayeuna, geus 25 judul bukuna nu terbit. Di antarana 6 judul novel dina basa Sunda: Puputon (1979), Buron (1980), Kalajengking (1980), Panggung Wayang (1992), Suminar (2008), Talaga Malihwarni (2012). Dina basa Indonesia: Jago-jago Bandung Selatan (1970), Karena Kasih Sayangmu (1971), Di Ujung Bayang-bayang (1989), Kutunggu di Bukit Bunga (2005), jste. Novelna Sanggeus Halimun Peuray (1992) diangkat kana film ku Dewan Film Nasional (DFN). Kiblat Buku Utama, Cit. II, 2021; 14,5 x 21 cm; 204 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

DUA WANOJA

Chy é R étty Isn énd és   Dua Wanoja téh buku kumpulan carpon Chyé Rétty Isnéndés nu munggaran. Dua Wanoja mangrupa carpon simbolik nu mawa gagasan-gagasan kawanojaan, patalina pamikiran katut rasa wanoja jeung dirina pribadi, sasamana, lawan jinisna, dunya kréatifna, sarta masarakatna. Chyé Rétty Isnéndés, pituin urang Nagrak-Sukabumi, lahir 2 Désémber 1972. Kiwari cekel gawé di Ju­rusan Pendidikan Bahasa Daérah (UPI). Nu­lis sajak, car­pon, novelét, jeung éséy, pang­pangna dina basa Sunda. Kar­ya sastrana nu di­bu­kukeun: Kidang Ka­wi­sa­ya (1999), Nu Nyusuk dina Sukma (2010), Jamparing (2012), Handeuleum 'na Haté Beureum (2014), jeung Dua Wanoja (2014). Panglélér dina widang sastra di antarana: Piagem Sastra ti LBSS kana skripsina “Analisis Puisi Mantra di Kacamatan Nagrak Kabupatén Suka­bumi” (1998) jeung Hadiah Sastra Rancagé ti Yayasan Kebudayaan Ran­cagé keur kumpulan sajakna Kidang Kawisaya (2000). Salian ti nulis karya sastra, Chyé oge nulis buku nu patalina

BÉNTANG ACÉH

H.M. Zainuddin Disundakeun ku Moh. Ambri Langka pisan karya sastra nu aya patalina jeung budaya étnis Acéh anu ditarjamah­keun kana basa Sunda. Salah sahiji­na—bisa jadi ngan hiji-hijina?— Béntang Acéh , anu aslina dina basa Indonésia ( Jeumpa Aceh ) wedalan Balai Pustaka tahun 1926. Minang­ka salah sahiji buku klasik, nilai sastra­na hadé sarta unggul, ngagambarkeun pa­céng­kadan antara  kaum muda vérsus kaum tua mangsa dé­kade-dékade awal abad ka-20, ditulis ku sastrawan, sajarawan, sarta ak­tivis perge­rakan Acéh. Téma pacéngkadan téh ilahar diguar ku panga­rang entragan Balai Pustaka, boh dina basa Indonésia boh dina basa daérah: alam pikiran jeung 'kahayang' kaum muda hal milih jodo nyanghareupan adat kaum tua anu mak­sakeun pilihan aranjeunna jeung kudu digugu ku anak-anakna. Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2014, 126 kaca, Rp 32.000,-