Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2007

OLéH-OLéH PERTEMPURAN

Rukmana Hs. Sabada maca Oléh-Oléh Pertempuran , barudak Sunda anu henteu kungsi ngalaman révolusi, nu henteu boga gambaran kumaha saenyana kayaan jaman harita, ngaliwatan hasil kréasi nu imajinatif, baris boga gambaran anu leuwih riil ngeunaan mangsa harita. Cindekna, carita-carita Rukmana Hs. Bisa dianggap minangka saksi ngeunaan patriotisme jeung kaihlasan para pamuda Sunda dina enggoning ngabéla kamerdékaan bangsana. Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 182 kaca; ISBN 979-3631-94-5; Rp 28.000,-

KAMUS BASA SUNDA R.A. DANADIBRATA

Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran (Edisi Hardcover) Kamus basa Sunda medal deui. Ayeuna mah R.A. Danadibrata (1905-1987) nu nyusunna téh. Hasil kumpal-kempil kukumpul kekecapan salila 40 taun éta téh. Ti 1930-1970-an persisna mah. Munasabah mun jumlah éntrina pangréana, 40.000 kitu atuh. Mangga bandingkeun sareng kamus basa Sunda liana. Katara geura onjoyna. A Dictionary of the Sunda Language of Java (1862) anu disusun ku Jonathan Rigg, éntrina ngan 9.308. Kamus Basa Sunda (1948) yasana Sacadibrata ngan ngawadahan 18.000 éntri. Demi Soendaas-Nederlands Woordenboek (1984) anu disusun ku F.S. Eringa ngan nepi ka 22.500 éntri. Lebah dinya nyongcolangna Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata téh. Nu matak salila 150 taun lalakon nyusun kamus basa Sunda, sigana nya R.A. Danadibrata pisan nu bias ngalengkepan kandaga kamus Sunda. Geuning sidik basa Sunda téh beunghar. Cit. I, 2006; 18,5 x 24,5 cm.; 782 kaca; ISBN 979-3631-93-7; Rp 275.000,-

LAGU LIWUNG URANG BANDUNG

Apung S. Wiratmadja Lagu Liwung Urang Bandung nu ngamuat 30 dangding jeung dua sawér téh ngébréhkeun rupaning rasa anu pagaliwota jeroeun dada Apung S. Wiratmadja. Taya lian nu dipicangcamna téh nanasiban anu karandapan ku dayeuh Bandung kiwari. Boh nu gérengna. Bohn nu hadean. Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; ISBN 979-3631-92-9; Rp 15.000,-

SURAH YAA SIIN

Tarjamahna Dina Basa Sunda Sareng Sari Tilawahna Winangun Pupuh Kenging Drs. Hr. Hidayat Suryalaga Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 48 kaca; Rp 15.000,-

TATARUCINGAN URANG SUNDA

Beunang Ngumpulkeun Rachmat Taufiq Hidayat & Darpan, S.Pd. Sanajan tatarucingan parantos lami dipikawanoh ku urang Sunda, tapi dugi ka danget ayeuna, teu acan seueur anu leukeun ngempelkeunana dina wa­ngun buku. éta baé dina mangsa saratus taun téh, urang ngan ukur mendakan opat buku tata­rucingan. Padahal, tatarucingan urang Sunda téh teras nambihan ti wanci ka wanci, sumebar saca­ra lisan di kalangan barudak Sunda, sareng baca­car dina majalah-majalah basa Sunda. Ieu buku midangkeun sawatara conto tata­ru­cing­an anu mindeng jadi bungbu heureuy urang Sun­da, pangpangna di lingkungan barudak. Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; ISBN 979-3631-66-X; Rp 15.000,-

SURAT KEUR BANDUNG

Kumpulan Sajak Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda Kota Bandung téh merenah pisan upami disebat Kota Inspirasi, pangpangna kanggo para sastra­wan Sunda, hususna panyajak. Niténan sajak-sajak dina ieu buku, ébréh pisan kaayaan dayeuh Bandung ti mangsa ka mangsa nu diserat ku panyajak unggal entragan. Ditingal tina titimangsana, sajak-sajak dina ieu buku téh ngagambarkeun kaayaan Bandung ti taun 1957 dugi ka 2005. Sanaos sajak nu kapidangkeun di dieu téh henteu lengkep saban taun, nanging ditingal dina panyajakna mah méh saban en­tragan kawakilan. Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca; ISBN 979-3631-65-1; Rp 18.000,-

MANGSI ASIH KALAM TRESNA

Kumpulan Surat Cinta Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda TÉMA cinta nu kapihatur dina ieu buku diwujudkeun dina rupi-rupi kaayaan: rasa bagja, brangta, sugema, sono, égo, sedih, peurih, honcéwang, ngawang-ngawang, waas, tur baluas. Kapan lebah dinya pisan onjoyna rasa cinta téh. Cinta mah sajuta rasa, mam­puh meruhkeun angkuh, sakti ngikis kaijid, luhung mupus adigung; malah nu borangan jadi ludeungan, nu galak jadi taak. Singsaha waé nu keur diayun-ambing ku cinta, moal ngitung untung rugi, jauh tina lewang jeung longkéwang; nu kebek dina dada nya éta geter asmara. Ieu buku midangkeun serat cinta kénging welasan pangarang Sunda. Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; ISBN 979-3631-73-2; Rp 15.000,-

KéOM SAKEDAP

Humor Urang Sunda di Internét Syam Ridwan Kamahéran Syam Ridwan nulis carita heureuy nu ngandung otokritik, sindiran jeung parodi geus némbongkeun kualitas dirina nu cocog pikeun jadi Ketua Partéy Seuri Nasional, Jubir Presidén Urusan Seuri, Mantri Nagara Koordinator Seuri Rak­yat atawa Mantri Nagara Peningkatan Pe­ranan Seuri. Pantes ogé jadi Wagub Jabar widang pangwangunan seuri Sunda. Atuh paling henteu ogé jadi bupati di lemburna sorangan, Sumedang. — MANG JAMAL , Kuncén KUSnét jeung tukang seuri (sorangan) Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca; ISBN 979-3631-79-1; Rp 15.000,-

DULAG NALAKTAK

Usép Romli H.M. Numutkeun Kang Ibing mah, nulis carita humor téh leuwih hésé ti batan ngabodor dina panggung. “Ngabodor dina panggung mah langsung katénjo seuri jeung teu seurina jelema téh. Ari ku tulisan mah, teuing.” Dulag Nalaktak téh mangrupa buku kumpulan carita humor Usép Romli H.M. anu panganyarna. Tina judulna gé moal boa bakal ngahudang ka­pana­saran. Mun henteu ngeunah seuri nepi ka ngehkey nyeri kulit beuteung jeung sééleun, atuh sakurang-kurangna nu maca bakal imut kanjut. Tapi mun rék sura-seuri sorangan, omat kudu luak-lieuk heula bisi aya nu nyérangkeun. Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm; 144 kaca; ISBN 979-631-67-8; Rp 13.000,-

PANGGEUING - HAREWOS TUTUGAN GUNUNG

Hasil Pasanggiri Nulis Puisi Kehutanan Tingkat SLTP-SLTA Sa-Tatar Sunda Perum Perhutani Unit III Jawa Barat & Banten Buku puisi Sunda kehutanan Panggeuing oge raket jeung pancen Pangwangunan Jawa Barat anu kalima, Membangun Kehidupan Sosial Berlandaskan Budaya Daerah. Dina hal ieu ku urang rajeun disebut pangwangunan anu ramah budaya. Sadayana mangrupi tarekah ngamasarakatkeun katut ngawanohkeun lingkungan keur masarakat utamana kanggo kaom nonoman. ~ Drs H Danny Setiawan MSi, Gupernur Jawa Barat Kiblat Buku Utama, 14,5 x 21 cm; 60 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Lazada , dan  Bukalapak

SI PUCUK KALUMPANG

Dongéng Sunda Buhun Ajip Rosidi “Ema, Ema! Nu nyaah lain ceuk béja! Na naon nu beureum-beureum Dina suku mani euceuy?” Ku katelengesan bapana sorangan, Si Pucuk Kalumpang kudu naék kana tarajé bedog anu kacida seukeutna. Unggal-unggal manéhna nété kana hambalan tarajé, aya baé bagian awakna anu kakeureut, tepi ka ahirna mah ngalumbuk si­ga daging nu dicacag. Ku bapana daging Si Pucuk Kalumpang téh diparabkeun ka Si Jelug, hayam jago kukutanana. Citakan II, 2005; 14,5 x 21 cm.; 44 kaca; ISBN 979-3631-60-0; Rp 10.000,-

NYI BUNGSU RARANG

Dongéng Sunda Buhun Ajip Rosidi Nyi Bungsu Rarang nyaritakeun budak bungsu anu dikaniaya ku lanceuk-lanceukna sorangan. Ung­gal poé manéhna kudu digawé paéh poso su­paya bisa dahar keur manéhna jeung keur Si Leungli, lauk emas piaraanana. Tapi dina hiji poé, waktu Nyi Bungsu Rarang keur digawé, Si Leung­li dipaling ku lanceuk-lanceukna, tuluy diasakan pikeun deu­ngeun sangu, didahar balakécrakan. Basa nyahoeun Si Leungli leungit, Nyi Bungsu Rarang kacida kuciwana. Barang ditanyakeun ka lanceuk-lanceukna, hiji ogé euweuh nu ngaku. Wak­­tu ditéangan ngan ukur kapanggih huluna wungkul. Ku manéhna, hulu Si Leungli diboéhan, tuluy dikubur di jero imah­na. Teu lila ti harita, di imahna melentung sirung nepi ka jadi tangkal anu kacida ahéngna. Sabab daunna, kembangna jeung buahna téh kabéh ogé mangrupa emas permata. Citakan II, 2005; 14,5 x 21 cm.; 44 kaca; ISBN 979-3631-60; Rp 10.000,-

NU NGAGEGEUH LEGOK KIARA

Dadan Sutisna (Dilélér Hadiah Samsoedi 2002) Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun. Caranéom, geueuman, dise­but­na Legok Kiara. Réa dongéngna Legok Kiara téh. Cenah nu ngalanto ka dinya mah balikna sok terus gering. Dipahing pisan barudak ulin ka Le­gok Kiara, komo wanci sareupna mah da cenah aya nu ngageugeuhna. Hiji mangsa, basa keur milu moro beurit, Emod jeung Si Sadun ulinna kamalinaan. Teu engeuh geuning maranéhna téh sasab ka Legok Kiara. Tempat nu kacaturkeun sanget téa. Naha aya naon di Legok Kiara téh? Kumaha nasib Emod jeung Si Sadun? Cit. II, 2005; 14,5 x 21 cm.; 51 kaca; ISBN 979-3631-70-8; Rp 12.500,-

CARITA NYI HALIMAH

Carita Nyi Halimah ngalalakonkeun katawekalan budak awewe anu katalangsara. Indung-bapana anu asalna beunghar jadi jelema masakat. Basa bapana diasupkeun ka pangberokan alatan pite­nah deungeun, indungna kagegeringan nepi ka han­teuna pisan. Saterusna Nyi Halimah cicing di ninina bari digawe di imah Nyonya Linn. Basa ka­pang­gih metik kekembangan di kebon pipireun ge­dong dununganana, manehna disiksa ku Nyo­nya Linn nepi ka asa bubuk huluna, getih tina si­rah­na nyarakclakan kana bajuna. Waktu keur nye­kar di kuburan indungna, manehna kapanggih ku tuan nu keur bebedil, tuluy diajak digawe di imahna. Ti harita manehna teu ken­dat-kendat meunang rupa-rupa cocoba anu kacida beuratna, nepi ka nga­laman diasupkeun ka pangberokan sagala rupa. Kiblat Buku Utama, 2018; 14,5 x 21 cm.; 100 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

NU LUNTA PEUTING

Sajak-sajak Juniarso teh umumna ngedalkeun suasana nu prihatin, malah tampolana sedih. Demi pikeun ngedalkeun kasedih jeung kaprihatin nu ngan­cik di sumur batin, gambaran ngeunaan kaa­yaan di luareun diri pohara dipentingkeunana. Ung­kara-ungkara nu sipatna deskriptif tur metaforis kayaning “girimis nu nyuruwuk” atawa “walungan nu guli­gah” upamana, ditekenkeun sangkan luyu jeung gerentes hate nu deuk dikedalkeun. Nu diteken­keuna­na, babakuna lain naon nu katém­bong di lu­ar­eun diri, tapi naon nu karasa di jero diri. — Hawe Setiawan Kiblat Buku Utama 2005; 14,5 x 21 cm.; 92 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Bukalapak

MASYITOH

Waktu Kangjeng Rasulullah Saw. Isra ti Masjidil Haram di Mekah ka Masjidil Aksha di Darussalam, ngambah buana nu keur ngageubra sare, nitih bu­rok nu lumpatna sagancangeun kilat, pelenghir aya aangseuan nu kalintang seungitna, dugi ka reg an­jeun­na ngarandeg, pok naros ka malaikat Jibril nu nyarengan jajap. ”Naon ieu teh mana seungit-seungit teuing, ya Jibril?” ”Seuseungitan nu asalna ti makamna Masyitoh.” ”Saha ari Masyitoh teh?” ”Hiji emban urang Israil nu ngawulaan putrina Fir’aon, nu geus ditibanan hu­kum-pati, ku lantaran henteu daek ninggalkeun kapercayaanana ka Allah SWT. Masyitoh milih tumpur-lebur sapiri-umpi ma­nan kudu mangran ka Fir’aon papada jelema ....” (tina hiji hadis) Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm; 100 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

JAGAT CARITA

Kandaga Carpon Dunya Hawé Setiawan Jagat Carita bisa jadi buku kumpulan carpon mung­garan nu ngariungkeun karya sastra panga­rang dunya dina basa Sunda. Nu geus medal mah réréana dina wangun novél. Opat welas pangarang ngariung dina Jagat Carita. Tilu ti antarana kungsi dilélér Hadiah Nobél Sas­tra: Rabindranath Tagore, Luigi Piran­déllo jeung Hérman Hésse. Ku lantaran nu nga­rangna eu­yeub, norojol ti rupa-rupa bangsa, rasa jeung nu­ansa carpon-carpon dina ieu buku béda-béda. Cocog pisan dibaca ku urang Sunda pikeun ba­ban­dingan, ngajembaran panalar kana karya sastra bangsa lian. Citakan I, 2005; 14,5 x 21 cm.; 152 kaca; ISBN 979-3631-58-9; Rp 30.000,-

HAREWOS NU GAIB

Carita Ki Umbara umumna miboga amanat moral anu ngélingan nu macana sangkan ulah migawe lampah anu pasalia jeung ajaran agama, dina hal ieu agama Islam. Soal moral umumna jadi dasar utama carita Ki Umbara saperti dina carpon “Harewos nu Gaib upamana. Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2020; 14,5 x 21 cm.; 112 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

GEUS SURUP BULAN PURNAMA

Yous Hamdan (Dilélér Hadiah Rancagé 2006) Geus Surup Bulan Purnama nyaritakeun suasana nalika Rosul pupus: alum nguyungna para saha­bat jeung reueuk ceudeumna langit Madinah ha­ri­ta. Waktu maca ieu carpon, pikiran jeung rara­saan urang bakal dibawa ka hiji mangsa, ka hiji tempat, nu kahalang ku anggang waktu rébuan taun. Implengan urang bakal anjog ka dinya, ka hiji tempat: bumi Rosululloh. Urang asa ningal la­yon Rosul nu ngalungsar, alumna para sahabat, juuhna cimata, sareng Bilal nu nyuuh, kalebuh di­na kasedih jeung kapeurih batinna. — AHMAD HADI Citakan I, 2005; 14,5 x 21 cm.; 108 kaca; ISBN 979-3631-63-5; Rp 19.000,-

BUMéLA KA BANGSA

Biografi R.S. Hardjapamekas Dina ieu buku, R.S. Hardjapamekas medar pa­ngalamanana nu nyorang jaman Walanda, jaman fasismeu Jepang, jaman kamerdékaan jeung ja­man satutas kamerdékaan. Pa Hardja ngalaman paro­bahan karir ti mimiti jadi pagawé pama­rén­tahan nepi ka jadi guru. Basa anjeunna masih kénéh didamel jadi pagawé pamaréntahan, lantaran anjeunna tiasa nyarios basa Jérman kalawan tapis, terus diperedih pi­keun ngajar di sakola. Dina paro taun 1950-an, anjeunna hijrah ka Jérman pikeun neuleuman pangaweruhna kana basa Jérman salila sataun. Buméla ka Bangsa , medar pangalaman hiji guru anu percaya kana kasauran Friedrich Fröbel, “Ngatik téh saéstuna ngawarah diri sorangan jeung méré conto, lian ti éta mah ngan kanyaah.” Cit. I, 2005; 14,5 x 21 cm.; 192 kaca; ISBN 979-3631-34-1; Rp 35.000,-

BéNTANG LAPANG

RAF Béntang Lapang nyaritakeun kahirupan maén bal jeung para béntang lapangna. Kalayan tapis, RAF ngagambarkeun kumaha pamaén senior ngarasa kaéléhkeun ku pamaén yunior nu dia-suhna, nepi ka téga minangsaraya ka pihak lawan supaya “ngaba­bad” anak asuhanana. Digambarkeun deuih kumaha pamaén anu ngora, sanajan maénna can alus, gam­pang disogok ku tukang judi, jeung kumaha kuci­wana pangasuhna waktu nyaho anak asuhanana narima sogokan. Citakan I, 2005; 14,5 x 21 cm.; 92 kaca; ISBN 979-3631-54-6; Rp 18.500,-

BABASAN & PARIBASA

Pikeun ngumpulkeun babasan jeung paribasa anu dimuat di dieu, pangarang nyutatan babasan jeung paribasa anu kasampak dina karya sastra para pangarang Sunda nu geus moal bireuk deui. Minangka conto dipakena babasan jeung pari­basa anu dimaksud, pangarang nyutat kalimah anu ngagunakeun eta paribasa tina buku-buku anu dijadikeun sumber. Buku ngeunaan babasan jeung paribasa teh, lain bae perelu dina hirup kumbuh urang Sunda kiwari anu beuki jauh tina basa Sunda, tapi pangpangna mah sangkan jadi cecekelan urang Sunda anu hayangeun boga referensi ngeunaan basana jeung sakaligus mangrupa gam­baran ngeunaan kakayaan batin Ki Sunda. Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 192 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

AYANG-AYANG GUNG

Petikan Surat-Surat 1980-1986 Ajip Rosidi; Dipanganteuran ku H. Usép Romli H.M. “Surat-surat Ajip Rosidi dina buku ieu ngajak urang (umat Islam) ngoréksi diri (muhasabah) , ngahu­dangkeun kasadaran (ay-yaqzah) jeung ngoméan kaayaan nu salah (at-taubah) , ngaliwatan méntal nu kuat ku kawani, pikir nu masagi ku wawasan, sarta tanaga nu nyukupan ku kawisésaan.”— H. Usép Romli H.M Citakan I, 2005; 14,5 x 21 cm; 312 kaca; ISBN 979-3631-20-1; Rp 55.000,-

BABALIK PIKIR

Samsoedi Kawantu budak ngan hiji-hijina, Si Eméd diogo ku indungna. Ari tabéatna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, ana dititah kacida liwarna. Dasar budak basangkal, remen migawé lampah salah, Si Eméd téh dina pamustunganana mah nepi ka dikerem di pangbérokan sagala. Tah, nya ti harita Si Eméd babalik pikir, hayang ngeureunan ka­sa­lahan, éling di bebeneran. Kitu leuwih kurangna mah lalakon Si Eméd nu di­dongéngkeun dina Babalik Pikir téh. Lebah nga­rang carita barudak mah Samsoedi téh manukna. Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; Rp 14.500,-

URANG SUNDA MUNGGAH HAJI

Maman M.S. Lalampahan pangarang ka tanah suci anu sa­kabéhna ditulis dina wangun carita pondok, taya kesan jiga ngahaja-haja hayang ngébréhkeun si­kep, pamadegan katut pamanggihna kana unak-anik rukun Islam anu kalima. Méh sakabéhna ca­rita pondok nu dikumpulkeun dina ieu buku aya mu­atan humorna ti nu kasebutna carita pondok lucu, cara “Wadah Heucak”, “Ku Tutur”, jeung “Pibésaneun”; atawa situasi nu matak kapiasem lan­taran ku kaayaan (komédi situasi) upamana waé dina “Ngantay” jeung “Ciri” nepi ka humor nu ngan­dung lenyepaneun (”Buka” jeung “Haji Mu­rah”). — Duduh Durahman Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 165 kaca; ISBN 979-3631-31-7; Rp 33.000,-

SURA-SEURI SUNDA

H.D. Bastaman Aya nu nyarita yén mun urang pareng aya di luar negeri hég panggih jeung rombongan nu laleum­pang­na santéy bari saleuseurian, biasana éta téh rombongan urang Indonésia. Tah, mun aya di an­ta­­rana nu seuri pangkacirina huntu, moal salah deui inyana téh urang Sunda. Da kawentar atuh urang Sunda mah beuki seuri jeung tukang heu­reuy. Malah jejer obrolan nu matak pogot keur urang Sunda mah cenah nu pikaseurieun, pika­si­euneun, jeung pipanasaraneun. Naon cing? Nya­éta dongéng lulucon, dongéng jurig jeung riri­wa, jeung dongéng jorang. Cit. I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 112 kaca; ISBN 979-3631-29-5; Rp 22.500,-

SURAT KEUR KA SAWARGA

Kumpulan Carpon Sastrawati Sunda PATREM Réa sastrawati nu karyana terbit mandiri. Teu kurang deuih nu karyana punjul tur meunang ha­diah. Geus tangtu karya-karya éta téh bakal jadi pangrojong kana kamajuan sastra Sunda husus­na, budaya Sunda umumna. Tapi ayana kum­pul­an carpon sastrawati Sunda ogé teu kurang pen­ting­na. Kumpulan carpon téh bakal méré gam­bar­an kumaha pandangan para sastrawati Sunda kana kahirupan ayeuna jeung kahirupan jaman nu bakal kaalaman. Sanajan karya mandiri hiji sas­tra­wati bakal méré pangalaman nu leleb ka nu ma­cana, kumpulan carpon aya punjulna, nyaéta di sagigireun leleb, pangalaman nu kaalaman ku nu maca téh bakal leuwih jembar. Cit. I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 98 kaca; ISBN 979-3631-32-5; Rp 20.000,-

SURAT CINTA PANGARANG SUNDA

Dikumpulkeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) Cinta mah hiji hal nu universal kaalaman ku ma­nu­sa. Saha waé ogé tangtu ngalaman kaéndahan rasa cinta, ngalaman kapeurih tina asih; nga­la­man gumulungna kadeudeuh jeung kaceuceub atawa aworna katresna jeung katimburu nu ahirna ngamuara kana lautan asmara nu ngagalura. Sa­ha waé nu keur katerap asmara, tangtu ngarasa­keun kaéndahan alam dunya nu taya papadana, malah kalan-kalan rasa kaéndahan cinta téh bisa ngajanggélékkeun hiji jalma jadi panyajak atawa pangarang. Kecap-kecap tur kalimah éndah jul-jol ‘na pikiran, galécok ‘na haté, laju diwujudkeun ‘na réngkolan sajak atawa surat. Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 98 kaca; ISBN 979-3631-30-9; Rp 20.000,-

SI MAMIH: KARTUN SUNDA

édyana Latief Ngaran panjangna mah Mamih Dewok. Sapopo­éna disebut Si Ma­mih. Awakna bayuhyuh, teu ma­tut, paripolahna sakapeung mah min­culak. Tapi loba nu resepeun. Mun seug boga pangawakan lenjang, Si Mamih téh éstuning keur “meumeu­jeuh­na”. Si Mamih mah bisa man­cala putra-man­cala putri; saka­peung jadi parawan, saka­peung geus boga bu­dak, sakapeung jadi… randa. Sa­popoéna kawas tara ganti baju, angger wé maké nu totol-totol hi­deung. Saha ari bapana? Saha deui atuh, lamun lain Éd­yana Latief Karung, kartunis nu gambar-gambarna remen dimuat dina média massa Sunda. SI MAMIH (1): Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 102 kaca; ISBN 979-3631-22-8; Rp 15.000,- SI MAMIH (2): Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 68 kaca; ISBN 979-3631-68-6; Rp 15.000 ,-

SEMPALAN TINA TAREH

Dina carita-carita tareh Ki Umbara, kayakinan tau­hid jeung kaihlas dina enggoning nyiar rido Allah teh jadi karasa kongkrit ku sabab dumasar kana kanyataan sajarah, lain ngan wungkul hasil ima­ji­nasi pangarangna. Ku metik carita tina tareh, Ki Umbara mere conto nyata ngeunaan praktek tau­hid jeung neangan rido Allah anu didadasaran ku kaihlas dina enggoning nyanghareupan jeung narima kadar anu tumiba minangka hasil ngaja­lan­keun kawajiban tea. Maot dina enggoning nga­ja­lankeun kawajiban lain hal anu kudu dising­kah­an, tapi diteangan sabab mangrupa jalan kana syahid—kamulyaan maksimal ahir hirup unggal Muslim. — Ajip Rosidi Kiblat Buku Utama, 2020; 14,5 x 21 cm.; 120 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

MURANG MARING

Para pangagung nagara marawa poster, demons­trasi, lantaran ngarasa diteungteuinganan ku ra­hayat. Pedah eta, rahayat ngahenang-ngahening, ngeunah nyandang ngeunah nyanding, ari para pa­mingpin awak begang pikir rungsing. Enya, di nagara nu sugih mukti mah, nu demonstrasi teh pa­mingpin ka rahayat, sakumaha anu kapanggih dina carpon “Murang-Maring”. Geus hamo bireuk, kumaha gaya Godi Suwarna di­na ngarang carpon. Boa baris dituding ngaruag pakem, ngajungkir-balikkeun logika. Teu kaseng­ker ku alam katut kailaharan. Pangarang ngeunah bae nepungkeun Oidipus jeung Sangkuriang, ngantep Kean Santang jeung Lodaya terah Pajajaran sina tarung, atawa mapandekeun Si Kabayan ka Si Regang jalma kuru rengkung jangkung lir regang paragi moro langlayangan. Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2020; 14,5 x 21 cm; 104 kaca; Softcover; ISBN 978-623-7670-96-4 Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

HEULANG NU NGAJAK BéNGBAT

Antologi Pangarang Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) Macaan karya dina antologi Heulang nu Ngajak Béngba t tangtu baé macaan jengléngan idé sa­ban pangarangna. Ma­ca­an jengléngan kualitas sastrawi nu nyangkaruk na diri pribadina nu di­éks­présikeun dina wangun­an carpon, sajak, jeung naskah drama. Disawang tina kasang tukang, gaya, jeung pangalamanana katémbong henteu ragem. Atuh lebah kudu nga­ga­yem karya gé éstu bakal cara ngagayem rujak, nu bahan katut rasa­na béda-béda téa. — Dian Héndrayana Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 132 kaca; ISBN 979-3631-25-2; Rp 25.000,-

GUNEM RENCEP SIDEM

Enas Mabarti Minangka cirina anu mandiri, Enas miang tina pangalaman sapopoé, ti mimiti leuleumpangan mapay-mapay galengan sawah tepi ka jarah ka Mekah jeung ka Madinah. Terus éta pangalaman téh dilenyepan, dipatalikeun jeung wahyu Allah, pidawuh Rosul katut piwulang ulama, tepi ka nga­janggélék jadi implengan filosofis tur réligius, sa­sat ngajak padungdengan ka nu maracana. Cin­dekna, sagala rupa nu kaalaman ku panga­rang, teu weléh dipatalikeun jeung Kangjeng Nabi katut ageman anu ditepikeun ku mantenna. "Gunem Rencep Sidem bawirasa geus hasil ne­pi­keun piwulang moral kalawan artistik. Unggal-unggal judulna lir siki hanjeli nu diruntuy hiji-hiji mirupa tasbéh." — Hawé Setiawan Cit. I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 100 kaca; ISBN 979-3631-26-0; Rp 20.000,-

ANAK JADAH

Kumpulan Carpon Cécép Burdansyah Ieu pangarang jigana rada kaobsési ku gagasan-gagasan kritis tur inovatif ngeunaan masalah-ma­salah nu aya dina kahirupan masarakat di saku­ri­ling­eun dirina. Di leuweung sastra Sunda mah car­pon-carpon nu “nembrakkeun gagasan” cara nu ditulis ku Cécép téh kawilang langka. Mun téa mah aya nu pirajeunan hayang néangan naon nu jadi ciri nu mandiri atawa kakuatan tina carpon-carpon Cécép, bawirasa, salah sahijina mah nya­éta kecendrunganana némbongkeun concern ka­na gagasan. — Hawé Setiawan Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm; 116 kaca; Rp 23.500,-

AMANAT DINA NAPAS PANUNGTUNGAN

Mh. Rustandi Kartakusumah (Dilélér Hadiah Rancagé 2005) Dayat jeung Duduy, dua sobat nu ninggalkeun sakola alatan hayang bébéla ka lemah cai. Dina napas panungtungan, Duduy méré amanat ka so­batna, sarta omat-omatan sangkan Dayat sanggup nepikeun éta amanat. Lian ti “Amanat dina Napas Panungtungan”, aya deui carita-carita pondok séjénna nu dimuat dina ieu buku saperti “Mojang Dusun Meledug”, “La­ligar Kembang di Paris”, jeung nu séjénna. Ditulis ku basa nu ngaleunjeur, beunang pangarang nu kawentar ku novélna Mercedes 190 . Cit. I, 2004; 14,5 x 21 cm; 116 kaca; ISBN 979-3631-23-6; Rp 23.500,-

AJALNA SANG BéNTANG PILEM

Duduh Durahman Érlan Digjaya, béntang pilem sohor, kasampak geus jadi mayit di WC bioskop. Saha nu ma­té­ni Sang Béntang Pilem? Naon kasang tu­kang­na? “Ajalna Sang Béntang Pilem”, salah sahiji carita nu dimuat dina ieu buku. Sawelas carita séjénna, moal éléh ramé, éstuning matak pogot. Panga­rang­na geus moal bireuk deui, da puguh welasan taun ngasuh rohangan fiksi di majalah Manglé . Carita detéktif dina ieu buku, méré pedaran ngeu­naan panalungtikan kasus-kasus kriminal. Ditulis ku basa nu hirup, tapis dina ngulinkeun lo­gika. Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm; 140 kaca; ISBN 979-3631-14-7; Rp 28.000,-

UTARA UTARI

Jeung Dongéng-Dongéng Sunda Lianna Ki Umbara (Dilélér Hadiah Samsoedi 2003) Singa sajodo anu kacida ga­lak­na ngahaja diken­car­keun. Saha anu bisa ma­éh­an jaluna, baris dije­neng­keun raja. Ari anu ma­éhan bikangna bakal di­ganjar duit tilu ratus keton emas. Radén Utara bisa maéhan singa jalu. Ari singa bi­kang­na dipaéhan ku Radén Utari. Saenyana éta dua sadulur téh keur ngalalana, pikeun ngalak­sa­nakeun pancén ramana, nyaéta néangan kem­bang Pancawarna. Ahirna duanana jeneng raja. Sajaba ti carita Utara-Utari, dina ieu buku aya 15 dongéng petingan lianna. Aya dongéng sasatoan, asal-usul hiji tempat, jeung lalampahan jalma sarakti. Citakan II, 2006; 14,5 x 21 cm.; 120 kaca; Rp 25.000,-

MISTéRI HAUR GEULIS

Dadan Sutisna (Dilélér Hadiah Samsoedi 2004) Lembur Haur Geulis keur harénghéng, lantaran aya budak nu leungit. Cék kapercayaan urang lem­bur, éta budak téh kasarung di Leuweung Tu­tup­an, hiji tempat anu sanget pisan. Diran, salasahiji budak nu keur pakanci di Haur Geulis, boga maksud néangan éta budak. Ma­néh­na ngajak baturna, Rina jeung Emod, pikeun nga­jugjug Leuweung Tutupan. Mimitina mah, Emod jeung Rina téh arembungeun. Tapi Diran keu­keuh hayang néangan éta budak, lantaran kapangaruhan ku buku-buku mistéri anu sok diba­ca ku manéhna. Arinditna ti lembur téh reren­cep­an, da sieun katohyan ku Pa Guru. Kumaha carita saterusna? Citakan I, 2003; 14,5 x 21 cm.; 84 kaca; Rp 18.900,-

SI LAMSIJAN KAEDANAN

Si Lamsijan nu didongengkeun teu beda ti nu aya dina wayang golek cepak. Pasipatanana teu parok jeung batur, sok ngarasa sagala nyaho tapi saenyana mah bodo katotoloyoh. Ari bogoh ka Si Amoy, tepi ka kaedanan pisan. Menta tulung ka dukun, malar ngajodo jeung nu dipikasono. Orokaya peletna kalah nerap ka Si Cepleu. “Ki Umbara mere conto yen tokoh folklorik nu pasipatan jeung tabbeatna geus miboga stereotip anu geus maneuh sarta dipikawanoh ku balarea cara Si Lamsijan... bisa jadi tokoh carita anyar anu pikaresepeun.” — Ajip Rosidi Kiblat Buku Utama, 2019; 14,5x21; 66 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SEUNEU NARAKA

Tilu Carita Jepang Disundakeun ku Tini Kartini Carpon “Seuneu Naraka” karya Akutagawa Ryunosuké, ngagambarkeun kumaha Yoshihidé, pe­lukis istana Otono Sama nu mashur tapi kacida “ék­séntrik” té­ga pisan ngorbankeun anak awéwéna nu ngan hiji-hijina jadi modél lukisan nu dijudulan “Seuneu Nara­ka”. Manéhna hayang ngagam­bar­keun sacara “ré­alis­tis” kaayaan jalma-jalma nu nan­­dang­an siksa na­raka. Salian ti “Seuneu Naraka”, Tini Kartini ogé nar­ja­mahkeun dua carpon lianna: “Tukang Suling jeung Kaisarna” karya Yoshikawa Éiji jeung “Jalma Bu­ang­an” karya Mori Ogai. Citakan I, 2003; 14,5 x 21 cm.; 88 kaca; ISBN 979-3631-51-1; Rp 17.500,-

SAIJA

Multatuli; Disundakeun jeung Dipanganteuran ku R.T.A. Sunarya Karya Multatuli anu di judulan Max Havelaar nga­gambarkeun kaayaan di Banten Kidul jaman ha­rita: ra’yat désa dikaniaya, diperdaya nu pohara ku pihak pamaréntah, akibat tina pulitik jajahan. Nya dina éta roman aya nyelap lalakon tragis Saija jeung Ina, nu henteu nepi ka cacap silihpikacinta ku lantaran jadi korban pulitik jajahan téa. Ku R.T.A. Sunarya, nu baheula kungsi jadi bupati di tatar Sunda, dina ieu buku éta lalakon téh di­tarjamahkeun. Henteu disalin saceplakna sake­cap-sakecap, tapi éstuning disundakeun. Citakan II, 2003; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; Rp 13.000,-

PANGANTEN

Panganten ngadongengkeun krisis jiwa nu karan­dap­an ku kaom rumaja. Deden teh nga­songkeun sur­ah nu mandiri kana naon rupa nu patali jeung jo­do, pati, bagja reujeung cilaka. Kalawan mi­ang tina jihat sawangan rumaja, ieu roman mawa warna ba­sa nu mandiri deuih.Dina ieu roman urang tepung jeung Rinrin minangka tokoh utamana. Kabogohna, Iyang alias Gumilang, maot nelasan maneh sanggeus nyebutkeun hayang kawin teuing ka saha. Leungiteun ku Iyang, terus la­yeut jeung Ben, tapi teu lana. Terus dalit jeung Sumi­nar, dalah terus jadi lesbian. Tapi Suminar ge maot ku lantaran abo*rsi. Dina pa­mustunganana Rinrin ge hayang kawin teuing ka saha. Nu sidik, sanggeus Rinrin nelasan maneh, manéhna ngarasa geus laksana papangantenan. Kiblat Buku Utama, 2003; 14,5 x 21 cm; 56 hal; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

PAGUNEMAN JEUNG FIR’AON

Usép Romli H.M. Siga kumaha ari mumi Fir'aon? Bisa jadi pika­si­euneun, kongkolak panonna bolongor. Tapi dina hi­ji peuting mah, jasad Fir'aon téh nguniang. Di Mu­seum Kairo, dina peuting nu keur meujeuhna jempling. Lain saukur cengkat deuih, da terus nga­­jak paguneman ka hiji wartawan nu ngaranna Erom Sumarom. Naon baé anu jadi bahan wang­kong­an Erom jeung Fir'aon téh? “Paguneman jeung Fir'aon” téh salah sahiji car­pon anu dimuat dina ieu buku. Geus hamo bireuk deui, karangan-karangan Usép Romli réa nyokot téma agama (Islam). Citakan I, 2003; 14,5 x 21 cm.; 124 kaca; Rp 24.000,-

NYUKCRUK SAJARAH PAKUAN PAJAJARAN JEUNG PRABU SILIWANGI

Drs. Saléh Danasasmita; Panganteur: Prof. Dr. édi S. ékadjati (Dilélér Hadiah LBSS 2004) Langka ahli sajarah urang Sunda tur nulis dina ba­­sa Sunda téh. Salasaurangna nya almarhum Saléh Danasasmita. Pedaranana ngeunaan saja­rah Sunda anu pohara pentingna réa dimuat dina majalah Sunda antara taun 1960-1970-an. Gé­déng­eun éta, pedaranana nu ilmiah teu matak nga­wagu anu maca, lantaran basana tetep komu­nikatif. “Dina unggal artikel Kang Saléh satékah polah nga­jawab pertanyaan anu muncul di masarakat ngeunaan rupa-rupa hal anu pakait jeung sajarah Karajaan Sunda...” — Prof. Dr. édi S. ékadjati Citakan I, 2003; 14,5 x 21 cm.; 148 kaca; Rp 29.000,-

NYI HAJI SAONAH

Nyi Haji Saonah ngadongengkeun pangalaman si kuring nu aya pikir kadua leutik ka hiji wanoja, tapi teu nepi ka kabiruyungan hirup babarengan. Kilang kitu ari duriat mah teu nepi ka pegat. Nya lebah dinya pisan naon nu dicaritakeun ku Syarif Amin teh estu nodel mamaras rasa...Cek pangrasa, Nyi Haji Saonah mah aya punjulna. Najan nu ieu ge teu kaasup roman nu gandeng, tapi aya kasang sajarahna. Kagambarkeun, upamana bae, sakumaha riweuhna jaman dar der dor di pilemburan alatan digalaksak ku gorombolan.... — Hawe Setiawan Kiblat Buku Utama, Cit. II, 2022; 14,5 x 21 cm.; 100 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak