Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Agustus, 2014

KASAMBET

Ahmad Bakri   Ngaliwatan carita-carita dina Kasambet (kumpulan épisodeu kahi­rup­an sapopoé Jang Udin, anak Juru-tulis désa jeung babaturanana), Ahmad Bakri méré atik­an, pangajaran, jeung tung­tun­an hu­sus­na ka barudak ngeunaan tata­krama urang Sunda, upamana dina nga­hormat ka kolot jeung ka nu leuwih ko­lot, miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara, hadé tur akur jeung babaturanana, jeung sajabana. Bubuhan Ahmad Bakri mah ampir saumur-umur jadi guru, dina carita-caritana henteu karasa mapatahan atawa ngaguruan. Tapis dina nepikeun amanat ku obrolan antara Jang Udin jeung papada babaturanana, jeung kolotna atawa jeung nu dipikolot. Ieu buku lain baé hadé dibaca ku baru-dak, tapi ogé ku kolot anu boga budak nu masih kénéh sako-la di SD, jeung ku para guru deuih.   Citakan I, 2014, 68 kaca, Rp 17.000,-