Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Mei, 2014

CÉNTANGBARANG

Asikin Hidayat   Ieu buku ngamuat 12 judul carpon nu méméhna dimuat dina média citak. Réréana nu dicaritakeun dina carpon-carpon Asikin téh kahirupan sapopoé, tur bisa jadi kailhaman ku réalitas, najan aya di antarana nu beunang ngundeur tina carita-carita bihari kawas dina carpon "Céntanbarang". Asikin henteu ngasongkeun téma-téma anyar, malah réa nu kungsi ditulis ku pangarang méméhna. Tapi da geus kitu galibna, perkara téma mah bisa jadi taya nu anyar. Téma cinta upamana, geus diasongkeun ku pangarang ti jaman buhun. Atuh mun ngeunteung kana pangalaman batin, da kitu-kitu kénéh deui, dina tungtung carita ukur ngasongkeung pirang-pirang rasa ka nu maca: bungah, sedih, kuciwa, kagagas, jsté. Tapi sawatara carpon Asikin ngasongkeun sawangan séjén dina medar jejer carita.   Citakan I, 2014, 128 kaca, Rp 32.000,-

KEMBANG BEUREUM

Disundakeun tina The Scarlet Pimpernel Baronéss Emmuska Orczy Kembang Beureum karangan Baronéss Emmuska Orczy (1865-1947) mangrupa sa­lah sahiji roman anu réa dibaca, lain baé di Ing­gris tapi di nagara-nagara séjén deuih. Ku sabab kacida populér jeung matak pogot nu macana, ieu buku ditarjamahkeun lain baé kana basa-basa Éropa, tapi ogé kana basa-basa Asia. Dina basa Indonésia ogé geus aya sa­babaraha tarja­mah­an, di antarana Pacar Mérah. Ari nu dijadikeun latar caritana révolusi Pe­rancis, waktu rahayat murba hudang ngarebut hakna ti raja anu sakama-kama da ngang­gap nagara téh anuna pribadi, apan kaca­pangana­na gé ”l’état cest moi” (nagara téh kami). Rahayat murba anu ngamuk ngu­wak-ngawik, lain baé ngarorod raja nepi ka dipaténi dina guillotine, tapi para ménak séjénna deuih. Para ménak anu ta­di­na milu curak-curak sakarepna jeung raja, ditarangkepan sarta diparabkeun ka gui­llotine. Nya dina waktu kitu, aya ménak Ing­gris anu ngadegkeun komplotan rasiah pikeun nulungan kao