Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari September, 2016

IMUTNA NU PANUNGTUNG

Imutna Nu Panungtung nyaritakeun tokoh Sukardi mangmilihkeun pisalakieun keur adina. Manehna boga anggapan yen pisalakieun keur adina teh kudu anu geus jeneng, boga gajih gede, atawa beunghar, bageur, jeung jegud deuih kolotna. Jadi, ukuran lain kabeungharan jiwa tapi kebeungharan dunya-barana ieu nu digunakeun ku Sukardi teh. Padahal Imas--nu nganjrek dina imah Sukardi nu geus boga pamajikan, Tinah, karena duanana geus teu boga kolot deui--geus aya pakait-pikir jeung batur sakolana, sapuk rek ngawangun rumah tangga babarengan. Sukardi maksa wae ngasongkeun Abidin, baturna sakantor, anu "saluyu" jeung kriteriana teh. Ari Imasna mah keukeuh embungeun. Ku naon ari Sukardi mani maksa-maksa teuing ka adina sangkan narima Abidin? Ku naon deuih ari Imas mani keukeuh-keukeuh teuing embungna teh? Nu maca pasti moal bireuk deui kana gayana Ahmad Bakri dina nyaritakeun roman-romanna.   Ahmad Bakri;  Cit. I, 2016, 14,5 x 21 cm., 64 kaca