Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Januari, 2017

JANTÉ ARKIDAM

"Janté Arkidam" téh sajak pangnyongcolangna karya Ajip. Leuwih populér batan nu séjén. Malah kungsi ditarjamahkeun kana basa Indonesia jeung Inggris. Wangunna balada, ngaharib-harib carita pantun. Ari inspirasina ditimba tina folklor sunda. Nu ngalalakonna preman, Janté Arkidam. Manéhna sok ngarempak sagala aturan: ngadu, madon, jeung ngancam pagawé pamaréntah. Janté manusa jago nu bisa mancala putra-mancala putri. Tangtu we keur nyumponan sagala kahayangna. Jeung ngalejokeun musuh-musuhna. Kitu, nu matak euweuh nu bisa ngeureunkeun lampahna. Janté téh bisa jadi éksprési tina jiwa nu mandiri. Janté gé bisa jadi wawakil sagala hojah pikeun nyingkirkeun sagala rurubed nu ngahalangan ketak jiwa nu mandiri. ~ Hawé Setiawan Ajip Rosidi;  Citakan II, 2016; 14,5 x 21 cm.; 68 kaca