Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Agustus, 2015

ADÉN ENDUL 1

Budi Riyanto   Ti iraha aya “Adén Endul” dina Manglé ? Upama ngungkaban arsip Manglé mah, ti taun 1986 gé geus midang. Mayeng unggal minggu nepi ka ayeu­na, méh taya copongna. Hartina, geus 28 taun Budi Riyanto Karung ngagambar Adén Endul téh. Mun ngitung édisi Manglé mah, leuwih ti 1.000 édisi. Ku kituna, asana teu kaleuleuwihi mun aya nu nyebut­keun yén “Adén Endul” téh salah sahiji ikon majalah Manglé . Méméh ieu buku medal, Adén Endul bacacar ké­néh. Ku kituna, medal­na buku Adén Endul téh bari ngi­ngetan deui balaréa, yén di antara ilustrator Sunda, aya Budi Riyanto Karung nu geus puluhan taun me­sék idé-idéna pikeun kartun Sunda. Cit. I, 2015, 14,5 x 21 cm., 112 kaca, Rp 28.000,-

HUJAN MUNGGARAN

Ayatrohaédi   Éta amplop teu terus dibaca, lung baé dialungkeun ka juru, sina pa­baur jeung runtah, bongan da mapa­nas wungkul. Hujan terus ngagebrét teu daék raat tepi ka isukna deui. Hujan anu mung­garan turun di panyabaan ma­wa kajadian anyar kana kahirupan kuring salaku jalma anu teu weléh micinta ka manéhna, anu sawatara mangsa deui nu bakal kasorang tangtu geus jadi juragan istri Sidik, jalma anu tadina kacida pisan dipikaijidna ku manéhna. Hujan munggaran teu daék raat, sarua jeung teu daék raatna kahéran jeung kakeuheul kuring ka Sidik lantaran éta kajadian-kajadian waktu hujan anu munggaran.   Cit. I, 2015, 14,5 x 21 cm., 60 kaca, Rp 16.000,-