Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Desember, 2014

KUDU DIMIMITAN DI IMAH

Ajip Rosidi   Masalah kumaha bahasa Sunda jaga, masih jadi bahan po­lé­mik nu teu anggeus-anggeus. Aya nu pésimis ku sabab ba­rudak ngora beuki saeutik anu ngagu­nakeun basa Sunda. Tapi aya nu optimis, da cenah loba kénéh barudak ngora nu ngagu­nakeun basa Sunda, cara anu kasaksian dina internét. Nu si­dik masalah lumangsungna basa Sunda mémang kudu dipi­kir­an jeung disang­hareupan ku urang Sunda, henteu bisa nga­rep-ngarep baris diungkulan ku pamaréntah anu henteu boga per­hatian kana kabu­dayaan, komo kana kabudayaan daérah kaa­sup kana basa jeung sastrana. Sawatara karangan nu dimuat dina buku ieu ngabahas ma­salah basa jeung budaya Sunda, nu lianna tulisan ngeunaan sa­­wa­­tara tokoh budaya urang Sunda. Ngan hiji nu ngeunaan bang­sa deungeun nyaéta tulisan ngeunaan Prof. Dr. A. Teeuw—sarjana urang Walanda nu gedé katineungna kana kabu­dayaan pang­pang­na kasusastran Indonésia. Tapi henteu lila saméméh pupus anjeunna némbongkeun minat kana naskah Sunda Kuna mang­rupa buku anu di

NÉNG MAYA

jeung Carita-Carita Lianna   Dipilih sarta dipanganteuran ku C.W. Watson   Kumpulan carpon (carita pondok) atau cerpen ini mengumpulkan cerita-cerita (berbahasa Sunda) dari sejumlah pengarang Sunda yang melukiskan keadaan dan suasana yang akrab dialami, ditemui dan disikapi oleh masyarakat Sunda (Jawa Barat). Rentang tema carpon-carpon dalam Neng Maya jeung carita-carita lianna ini cukup luas: kesulitan dan kesusahan yang dialami rakyat kecil masa kini, seperti guru honorer atau tukang ojeg, dan bagaimana keadaan itu mereka sikapi dengan cara khas masyarakat Sunda; dunia gaib; sejarah tanah Sunda masa lalu (zaman revolusi, “gerombolan” DI/TII, awal Orde Baru); romantika hubungan lelaki-perempuan; dan sebagainya. Penyunting atau pengumpulnya, C.W. Watson, Profesor di Sekolah Bisnis dan Manajemen ITB, sudah lama tertarik pada sastra Indonesia dan pernah menerjemahkan sejumlah karya sastra Indo­nesia dan Sunda ke dalam bahasa Inggris dalam upaya memperke­nalkan khazanah budaya Nusant

SRIKANDI NÉANGAN GAWÉ

Tiktik Rusyani   Tiktik Rusyani milu ngawedelan réngréngan pangarang wanoja Sunda, ku carpon-carponna nu mimiti katangén taun 2005, basa karyana Srikandi Néangan Gawé jadi pinunjul saém­bara nulis carpon nu diayakeun ku SKM Kujang . Karya-karya Tiktik Rusyani saterusna, mindeng némbongan dina ma­jalah Manglé , jeung rubrik carpon Sunda Tribun Jabar . Medalna Srikandi Néangan Gawé , mangrupa salah sahiji bukti yén régenerasi kapangarangan Sunda henteu mendet. Kaasup di kalangan pangarang wa­no­ja. Kawilang lancar tur mayeng. ~ Usép Romli H.M.   Kiblat Buku Utama jeung PPSS, Citakan I, 2014, 76 kaca, Rp 20.000,-