Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Desember, 2015

NGALA JANGKRIK

Ngala Jangkrik mangrupa kumpulan carita budak beunang Holisoh M.É., pangarang wanoja anu kaceluk produktif menulis carpon déwasa. Padahal, Holisoh gé réa nulis carita pondok bacaeun budak. Dina ieu buku, Holisoh ngagunakeun gunem catur anu loma antara hiji tokoh (budak) jeung tokoh (budak) lianna anu hirup di pilemburan. Ogé kakuatan pangarangna kaciri dina nyaritakeun alam pikiran barudak lembur anu masih kénéh loba ulin tur resep kaulinan. Pikeun ngobét psikologi tokoh-tokoh nu dicaritakeunana, Holisoh loba ngagunakeun gaya “kuring”. Kumaha perasaan Anis, budak awéwé nu geus teu boga bapa, sakola bari ngajual goréngan jeung indungna di sakolana pisan (“Budak Bageur”); kumaha perasaan “kuring” waktu jangkrik-jangkrikna dipiceun ku indungna tina kandang nu geus dihadé-hadé saméméhna, karena indungna keuheul ka “si kuring” anu kamalinaan ulin saentasna ngala jukut keur parabdomba (“Ngala Jangkrik”); perasaan “kuring” basa deuk dihataman jadi sadar yén indungna téh sabenerna nyaaheun

HAYANG PANGGIH JEUNG NABI HIDIR

Us ép Romli H.M. Kumpulan carpon Hayang Panggih jeung Nabi Hidir réréana nyaritakeun tokoh-tokoh ba­sajan nu hayang ngaronjatkeun kaso­léhan diri­na, atawa tokoh nu aya patalina jeung kahirup­an réligius, sanajan téma nu diangkat dina masing-masing carpon teu sarua: ling­kung­­­an (“Béja ti Pasir Tarajé” jeung “Aki Dipa”), halodo panjang dina usum Pilkadés (“Katiga Entak-entakan)”, ngamumulé basa indung (”Siwah”), jll-na. Lian ti éta, aya dua carpon, boa leuwih, nu ngaguar “fragmén-fragmén kahirupan” nu kungsi kaalaman ku pa­nga­rang­na—wartawan kahot no keur tihothat ngaleu­weung­keun deui pasir-pasir di lemburna. Najan béda dina gaya nyaritanya, carpon-carpon Usép Romli téh saperti sawatara carpon Ki Umbara atawa Ahmad Bakri, kako­lom­keun kana sastra dak­wah, sastra nu boga nawaitu “uma­jak” ka nu macana sangkan neu­leuman ajaran Islam ngali­watan para tokoh anu jadi jejer caritana. Cit. I, 2015, 14,5 x 21 cm., 80 kaca, Rp 21.000,-