Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari September, 2013

SRIE SUNARSASI

Srie Sunarsasi nyaritakeun mahasiswi tingkat tilu jurusan Hubungan Internasional UGM anu dilamar ku dosenna, Profesor Ahmad Ghazali, budak ngora nu nyongcolang jadi guru besar. Srie geus terangeun yen Ahmad Ghazali teh boga kassakit anu umurna dipastikeun ngan tinggal sataun dua taun deui. Dijurung ku cinta nu agung tur suci jeung tekad hayang jadi jelema anu boga harti keur nu sejen, Srie narima eta panglamar. Sabada ditinggalkeun maot ku salakina, Srie ngarasa kaleungitan jalma anu bisa jadi gunung pananggeuhanana, hususna dina ngadidik anakna. Untung aya mahasiswa sajurusanana, Ibrahim Musa, anu bisa jadi batur pakumaha tur sakaligus bisa jadi tempat balabuh benci jeung jiwana. Jejer carita ieu roman dikasangtukangan ku kaayaan pulitik nasional samemeh peristiwa Gestapu (G-30-S/PKI) anu mangaruhan sakumna kagiatan mahasiswa di Indonesia, pangpangna di Yogyakarta jaman harita, nalika pangarangna masih mahasiswa. Kiblat Buku Utama, 2013; 14,5 x 21 cm; 148 kaca Beli di  Tokopedia ,  S

ARCA

Arca nyaritakeun awewe anu ririwit ku kassakit, ngadongsok ka salakina sangkan ngawangun imah sorangan—henteu ngahiji jeung kolotna deui. Samemeh pindah imah, salakina ditugaskeun ku kantorna ka mancanagara. Kahayang Asti pindah ka imah anyar ahirna laksana karena dibantuan ku baturna mangsa keur sakola. Hanjakal kaayaan jiwana anu labil ngalantarankeun manehna tisoledat ngalakukeun perbuatan nirca. Perasaan dosa dikarenakan eta perbuatan teh dihubungkeun jeung arca Calon Arang sarta Banaspati nu aya di imah anyarna, jeung kasakitna anu kanceuh deui nyababkeun ambekanana pegat sapisan. Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2021; 14,5 x 21 cm.; 60 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak