Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Juni, 2015

CATETAN POÉAN RÉRÉ

Ai Koraliati Ieu novel ngangkat masalah nu saméméhna tacan kungsi dijadi­keun téma dina sastra Sunda, komo carita budak, nyaéta hiji masalah ka­jiwaan budak banci. Ku pangarang­na éta masalah ditepikeun sacara basajan tapi “kategangan” dijaga ku cara disingraykeun saeutik nurut­keun catetan poéan adina nu awé­wé. Ma­salah anu muskil téh dicarita­keun ku pangarangna tina kacama­ta budak awéwé nu awahing ku kapaksa jadi panang­gung­jawab rumah tangga kulawarga, lantaran indungna maot ari bapana indit. Basa Sunda anu digunakeun ku pa­nga­rangna éstuning taliti tur apik, ku kituna hadé pisan mun dipaké conto pikeun barudak nu maracana. Cit. I, 2015, 14,5 x 21 cm., 60 kaca, Rp 16.000,-

CARITA BUDAK YATIM

R. Hanapiah Ieu buku nyaritakeun budak yatim nu ditinggalkeun maot ku bapana waktu umurna opat taunan. Tuluy manéhna dikukut ku lanceukna sabapa anu geus boga pamajikan jeung budak lalaki sapantar manéhna. Hanjakal sanajan jeung dulur, manéhna mindeng disiksa lamun nyieun kasalahan anu teu sapira. Bakat ku teu kuat, manéhna minggat balik ka indungna babarengan jeung lanceukna saindung-sabapa anu karék sababaraha minggu nganjrek di dinya. Kungsi deuih milu ka lanceukna sabapa nu awéwé tapi boga adat sarua goréngna, ngan untungna salakina bageur. Manéhna dijieun bujang ku adi salaki-lanceukna bari diajar maca jeung ngaji, malah kungsi sakola jeung meunang ijasah sakola kelas dua. Kungsi nepungan dulur-dulur bapana di Singaparna, ngalaman sababaraha kali jadi kuli kontrak, tungtungna jadi Jurutulis di kacamatan lantaran boga ijasah téa. Salian ti ngagambarkeun tekad jeung perjuangan hiji budak nu hayang kaluar tina hal-hal nu matak ngarugikeun dirina, sarta tarékah keur kamajuan hirupn

KAMUS BASA SUNDA R.A. DANADIBRATA

Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran (Edisi Hardcover) Kamus basa Sunda medal deui. Ayeuna mah R.A. Danadibrata (1905-1987) nu nyusunna téh. Hasil kumpal-kempil kukumpul kekecapan salila 40 taun éta téh. Ti 1930-1970-an persisna mah. Munasabah mun jumlah éntrina pangréana, 40.000 kitu atuh. Mangga bandingkeun sareng kamus basa Sunda liana. Katara geura onjoyna. A Dictionary of the Sunda Language of Java (1862) anu disusun ku Jonathan Rigg, éntrina ngan 9.308. Kamus Basa Sunda (1948) yasana Sacadibrata ngan ngawadahan 18.000 éntri. Demi Soendaas-Nederlands Woordenboek (1984) anu disusun ku F.S. Eringa ngan nepi ka 22.500 éntri. Lebah dinya nyongcolangna Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata téh. Nu matak salila 150 taun lalakon nyusun kamus basa Sunda, sigana nya R.A. Danadibrata pisan nu bias ngalengkepan kandaga kamus Sunda. Geuning sidik basa Sunda téh beunghar.   Cit. V, 2015; 18,5 x 24,5 cm.; 782 kaca; Rp 310.000,-