Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari November, 2015

ANJAR LAWAN RAJA BANGSAT

Achmad Rustandi Anjar Lawan Raja Bangsat , mangrupa buku kahiji dina Serial Anjar, nyaritakeun cukang lantaran Anjar jadi murid Kiai Ngésti, jago silat sepuh nu kawentar di sakuliah Tatar Sunda sarta mangtaun-taun jadi buronan lantar­an ngabéla rahayat leutik ngalawan Walanda. Anjar sorangan, nu basa amprok jeung Kiai Ngésti kakara umur 15 taun, anak hiji-hijina ti randa sodagar nu kabeulit ku hutang urut sala­kina. Nempo indungna dihina rék dijieun kau­linan, manéhna keuheul lain meumeueusan nepi ka wani nub­les­keun keris ka Kopral utusan Haji tukang ngaréntenkeun duit téa. Anapon Raja Bangsat dina ieu buku nyaéta murid Kiai Ngésti manten anu asalna mémang bangsat tapi ditulungan ku Kiai Ngésti tur ngaku hayangeun babalik pikir, tapi sanggeus meunang élmu balik deui kana kahirupan bangsat, malah sempet maok Kitab Pusaka kagungan Kiai sagala. Edisi Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2015, 14,5 x 21 cm., 60 kaca, Rp 16.000,-

MUN TULUS JADI RANDA

Holisoh M.É. "Geus dua peuting salaki teu balik. Pundung. Paduli teuing, di imah nungtun waé rajawisuna. Sakalian ku kuring mah bajuna gé digémbolan ku samping urut tilam ompol Si Bungsu. Ambéh ari manéhna datang, kari sok wé mikeun. Lieur! Balik-balikanan saimah waé, nungtun pipaséaeun. Pasual­an saeutik bisa jadi paséa rongkah. Tiis ning taya salaki mah. Taya nu barang geureuh, najan sapoé jeput teu barang gawé. Malahan asa tumaninah ulin gé. Kamari mah ngablu wé ka lembur Awi Gedé, lalajo turnamén poli jeung barudak ngora. Pan balik téh dianteurkeun ku tukang ojég nu sok biasa mangkal hareupeun pos ronda. Kang Dahlan, ngaranna téh. Cenah mah duda geus aya taunna, ditinggal­keun maot ku pamajikanana. Mana teu hariwang teu salempang jadi randa gé. Cacak karék po­poéan geus aya nu daék tunyu-tanya." Cutatan di luhur dipetik tina carpon “Mun Tulus Jadi Randa”, salah sahiji tina 16 carpon karya pangarang wanoja Sunda anu pang­pro­duktifna. Jiga Ahmad Bakri, Holi