Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Desember, 2016

NALA

Nala téh hartina haté. Kitu ceuk indungna. Naon pangna éta budak dingaranan Nala? Lantaran indungna nganggap Nala téh buah haténa anu moal kapopohokeun. Iraha baé, di mana baé. Rek beurang rek peuting. Nu matak Nala dipikanyaah pisan ku indungna. Nala ogé nyaaheun pisan ka indungna. Nala terang indungna téh lir putri raja nu disupata. Hirup duaan jeung indungna henteu ngalantarankeun Nala nalangsa. Sabalikna réa pangalaman anu éndah kaalaman ku Nala jeung indungna. Pait peuheurna hirup disangharupan ku duaan. Henteu babarian aral, henteu épésmééer. Nu utamana mah horéng unnggal masalah nu kapanggih aya jalan kaluarna. Darpan;  Citakan ka-1, 2016; 14,5 x 21 cm.; 76 kaca

SI BOHIM JEUNG TUKANG SULAP

Tokoh dina ieu carita, Si Bohim, anak tukang patri di lembur, nu kahirupanana basajan pisan. Si Bohim teu kungsi tamat sakola dasar, sabab kababawa teu bener ku baturna, Si Kardun, anu bengal. Malah dina hiji waktu Si Bohim garelut, kakadék ku pakarang anu tuluy jadi tatu parna. Tina éta kajadian Si Bohim babalik pikir: daék sakola nu bener. Ngan waé kudu ka kota sabab éra ari kudu balik ka urut sakolana mah. Di kota manéhna dititipkeun di kapi bibina. Ngan, dasar nasib, manéhna kudu balik deui ka lembur. Lantaran geus insap, Si Bohim saregep digawé mantuan kolotna. Dina hiji time, aya tukang sulap nu kabeneran ngamén ka lemburna jeung tuluy mondok di imahna. Tukang sulap, urang India, ménta Si Bohim mantuan manéhna ngamén. Saprak mantuan tukang sulap, Si Bohim diajar maén sulap nepi ka mahér. Ku kituna sabada tukang sulap maot, manéhna jadi gantina. Si Bohim bisa menghirup tina ladang maen sulap. Ngan, manéhna teu tulus jadi tukang sulap, karena ditipu ku batur. Ieu carita, saperti

LEBÉ KABAYAN

Lebé Kabayan téh karya anu dipasieup ku pangarangna kalayan ngagunakeun tokoh karikaturis Sunda: Si Kabayan. Sabab mémang tokoh anu baris dicaritakeun téh nyaéta jelema anu teu salah mun disebut rada bodo, rada teu eucreug, pangedulan, gedé napsuna, hayangeun ngamangpaatkeun jabatan sanajan jabatan leutik gé, gedé kahayang tapi teu ngukur kana kaayaan diri soorangan, jll-na, nu sabagian di antarana sabenerna mah ngagambarkeun pasipatan diri urang. Jigana Ahmad Bakri boga maksud ambéh urang, nu maraca, ngaraca dirina soorangan kana eunteung lalakon Si Kabayan anu dina ieu novel ngalakonkeun peran jadi Lebé. Ari dina nyaritakeunana, pangarang anu hiji ieu mah teu kudu diwanohkeun deui. Saperti dina novel-novel atawa carpon-carpon Ahmad Bakri lianna, kasang tukang jeung séting ieu novel nyaéta kaayaan jaman normal, Ahmad Bakri;  Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan ka-1, 2016; 14,5 x 21 cm.; 68 kaca

KAMUS BASA SUNDA R. SATJADIBRATA

Dina sajarah léksikografi Sunda, Kamus Basa Sunda yasana Radén Satjadibrata téh kalebet kamus Sunda munggaran nu Susun ku urang Sunda... Satjadibrata kagungan kasadar wiréh “karaos perlu teu kinten ayana kamus nu kénging didamel tuduh jalan, nyaéta kamus Sunda nu diterangkeun ku basa Sunda tur diangken ku ahli basa Sunda, yén leres kateranganana. Hanjakal pisan teu aya, kamus sarupi kitu téh.” (Pihatur R. Satjadibrata dina Kamoes Basa Soenda citakan ka-1, 1948, k. 3).Miang tina kasadar sarupa kitu, Satjadibrata ihtiar sakedah-polah sangkan kecap-kecap basa Sunda téh diterangkeun nepi ka bubuk leutikna. Nya janggélék wé jadi kamus Sunda anu munggaran téa. — Rachmat Taufiq Hidayat   R. Satjadibrata  ; Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan ka- 4 , 20 16 ; 14,5 x 21 cm.; 428 kaca

KAMUS SUNDA-INDONESIA

Dalam sejarah leksikografi bahasa Sunda, Kamus Sunda-Indonesia karya R. Satjadibrata sebenarnya bukan termasuk kamus dwibahasa (bilingual) pertama yang disusun oleh orang Sunda. Jauh sebelumnya, Bupati Cianjur R. Arya Kusumaningrat sudah menyelesaikan penyusunan kamus dwibahasa Melayu-Sunda pada tahun 1857, namun sampai sekarang belum pernah terbit menjadi buku. Dengan demikian, Kamus Sunda-Indonesia karya R. Satjadibrata ini adalah kamus dwibahasa Sunda pertama yang disusun oleh orang Sunda yang berhasil diterbitkan dalam bentuk buku. Cetakan pertama kamus ini terbit pada tahun 1944 dengan judul Kamoes Soenda-Melajoe , dan cetakan kedua (atau lebih tepatnya disebut edisi kedua) terbit pada tahun 1950 dengan judul Kamoes Soenda-Indonesia . Enam puluh satu tahun setelah edisi kedua tersebut terbit, penerbit Kiblat Buku Utama dapat menerbitkan kembali Kamus Sunda-Indonesia edisi ketiga. Ditilik dari segi entri, materi kamus cetakan ketiga ini tidak berbeda jauh dengan edisi ked

PERANG BUBAT

Putri Citraresmi ngajerit maratan langit basa mireungeuh ramana geus ngababatang. Dirina sabil, méh teu kuat nahan diri, hayang kaluar ti kémahna. Tapi ari ras kana dirina nu kudu jadi upeti regog deui, bari tuluy nutupkeun lalangsé kémahna. Ret kana patrem paméré Paman Mangkubumi Bunisora ​​Suradipati, geus lamokot ku getih. Manéhna neuteup patrem bari mikiran nasibna. ”Getih…, enya getih! Enya, demi harga diri Nagri Sunda! Duh Rama Prabu..., duh ambu indung puntangan kaasih..., keur saha ngamalirkeun getih? Sakeclak memang keur kami, tapi ngocorna demi harga diri Nagri Sunda!....” Gabres patrem ditubleskeun ku dua leungeunna panceg niruk lempengan jajantungna.... Yosep Iskandar;   Edisi Kiblat Buku Utama, citakan I, 2016; 14,5 x 21 cm.; 88 kaca

BUDAK TEUNEUNG

Kahirupan Warji, budak yatim umur sawelas tahun, kacida balangsakna, katurug-turug deuih ku barudak papantaranana remen dijailan, pangpangna ku Si Begu jeung Si Utun. Tapi manéhna teu weléh sabar. Dina hiji poé, Warji nulungan Asép Onon, anak lurah, anu tigebrus ka sumur burung di kebon awi. Ti kajadian harita, Asép Onon jadi malik nyaah ka Warji. Ku Pa Lurah, manéhna dijeujeuhkeun jadi tukang ngangon munding. Ari peutingna, Warji sok diajar maca jeung nulis ka Asép Onon, tepi ka ahirna ku Pa Lurah dijenengkeun jadi jurutulis. Sabalikna, ari Si Begu jeung Utun mah ka gedénakeun téh beuki teu eucreug, tepi ka ahirna jadi bangsat gerot, tur maranéhna ludeung maling munding anu Pa Lurah. Basa Si Begu jeung Utun keur babagi duit hasil ngarampog, kaperego ku Warji. Tah, kumaha Warji nyanghareupan éta dua bangsat gerot téh?  Samsoedi;  Citakan ka-4, 2016; 14,5 x 21 cm; 56 kaca