Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari November, 2013

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan 

DIRAWU KÉLONG

Ahmad Bakri   Ngaliwatan carita-carita dina Dirawu Kélong (kumpulan épisodeu kahirupan sapopoé Jang Udin, anak Jurutulis désa jeung babaturanana), Ahmad Bakri méré atikan, pangajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tatakrama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara, hadé tur akur jeung babaturanana, jeung sajabana. Bubuhan Ahmad Bakri mah ampir saumur-umur jadi guru, dina carita-caritana henteu karasa mapatahan atawa ngaguruan. Tapis dina nepikeun amanat ku obrolan antara Jang Udin jeung papada babaturanana, jeung kolotna atawa jeung nu dipikolot. Ieu buku lain baé hadé dibaca ku barudak, tapi ogé ku kolot anu boga budak nu masih kénéh sakola di SD, jeung ku para guru deuih. Cit. I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 68 kaca; Rp 17.000,-

TEMBANG JEUNG KAWIH

Dina basa Sunda, seni vokal dijadikeun dua golongan. Nu hiji disebut tembang. Nu hiji deui disebut kawih. Salian ti di­­bedakeun ku surupanana teh, tembang mah diwangun ku dangding atawa guguritan, ari kawih pangpangna mangrupa si­sin­diran, beh dieu rea anu dumasar kana sajak. Tembang jigana pangaruh tina kasenian vokal Jawa, anu diulik ku para ménak Sunda waktu kudu ngadeuheus ka Mataram pikeun caos upeti saban taun. Waktu caos upeti teh para dalem jeung para menak anu ngiringkeunana kudu matuh sawatara bulan lilana di dayeuh Mataram bari diajar sagala rupa kasenian jeung tatacara feodal Jawa anu tuluy dibawa ka lemburna, disebarkeun di lingkungan urang Sunda. Kiblat Buku Utama, 2013; 14,5 x 21 cm.; 162 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

PUSAKA RATU TELUH

Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram