Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Maret, 2017

MAJALAH SUNDA: WANDA JURNALISTIK SUNDA NGALAWAN KOMUNIS

Salasahiji akibat negatif tina teknologi informasi anu geus sakieu majuna nyaéta mahabuna informasi bohong (hoaks) dina media sosial nepi ka urang saréréa bingung. Lamun urangna percaya kitu waé akibatna bisa nimbulkeun kasimpulan anu salah. Malah média tradisional ogé, naha média citak, média éléktronik atawa média online, dina nepikeun opini ka public téh mindeng kurang merhatikeun kaédah jurnalisme anu pangdasarna karena leuwih mihak kana kapentingan pihakna sorangan. Majalah Sunda , sanajan umurna teu lila ukur kurang ti tilu taun (1965-1967), tapi dina mangsa-mangsa kaayaan sosial pulitik keur meujeuhna pabeulit, geus némbongkeun kumaha pentingna idéalisme dina nembrakkeun fakta anu akurat henteu katutumpangan ku kapentingan saharitaeun, nepi ka bisa dipaké tuduh jalan ku anu maracana. Ieu buku ditulis ku Abdullah Mustappa (wartawan senior, kolumnis, sastrawan) bari diloyogkeun kana kaayaan ka dieunakeun anu katimbang henteu saimbang dina ngungkab deui kajadian-kajadian anu luma