Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Juli, 2017

JANGJI ASIH

Novel pondok Jangji Asih nyaritakeun Asih, hiji murid sakola karawitan nu alus sora tapi goréng rupa. Asih didapuk jadi panyulih sora (dubber) dina pagelaran drama-sora “Sangkuriang” karena Lasmini, nu merankeun Nyi Dayang Sumbi-na, alus rupa tapi goréng sora. Puguh da kacaritakeun yén Lasmini mah béntang di éta sakola. Nu jadi Sangkuriang-na nyaéta Tresna, lalaki papada murid sasakola nu ku Asih dipicinta dina haténa bari ngarasa yén moal pisan Tresna bakal laki-laki kana cintana. Méhméhan pagelaran batal karena Asih méh waé pundungeun sabab dina brosur pintonan téh ngaran panyulih sora ngan ditulis ku mangsi, teu kacitak, teuing dihaja atawa henteu. Jadi lamun pagelaran batal, geus pasti ngaran sakola jadi ruksak karena bakal ditongton ku para tokoh nasional jeung tamu ti mancanagara. Ahirna, pagelaran drama-sora téh teu batal. Naon sababna?   Aam Amilia;  Citakan I, 2017; 14,5 x 21 cm.; 48 kaca

PUPUTON

Puputon nyaritakeun “cinta segitiga” antara Mamay-Ismét-Astri. Mamay, bojo Ismét nu kadua. Ismét ngarangkep ka Mamay karena teu boga turunan ti Astri nu divonis gabug ku dokter. Puguh wé susulumputan, sabab Astrina kungsi ngancam rék maéhan manéh mun dicandung. Ka Astri, Ismét sabenerna masih kénéh micinta, ka Mamay deuih Ismét bogoh. Masalah timbul nalika Mamay bobot. Sanggeus dina hiji waktu panggih jeung Astri, timbul kasadar dina haté Mamay yén dirina geus ngaruksak kabagjaan papada awéwé.Sabada orok lahir jeung Mamayna keur diopnameu di rumah sakit, ku Ismétdicandak ka imahna sarta diakukeun orok batur. Rusiah kabokér nalika ibuna Ismét ngalongok, karena aya béja Ismét boga orok. Ka ibuna Ismét balaka yén éta orok téh lain anak batur, tapi anakna pribadi ti awéwé anu dinikah kalayan sah. Ku Astri, carita Ismét kadéngé… Ahirna Mamay ménta dipirak jeung anakna rék dibawa, padahal Astri gé geus mundur sangkan méré kesempetan keur Ismét jeung Mamay ngawangun rumah tangga anyar. Ngan