Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2015

PANGGELAR SASTRA

Kumpulan Naskah Pagelaran Hadi AKS Tepi ka danget ieu kawilang langka buku anu nyadiakeun naskah-naskah basa Sunda pikeun pagelarkeuneun barudak di sakola. Nya dina kaayaan kitu aya kalana urang sok uyup-ayap néangan naskah anu merenah keur pintonkeuneun dina hiji acara. Upamana baé dina acara Paturay Tineung, dina pésta agustusan atawa mu­ludan. Dina ieu buku éta rupa-rupa naskah téh disadiakeun. Ti mimiti naskah anu eusi­na daria tug nepi ka anu sipatna bobo­doran. Malah mandar bisa dipaké bahan, ku sing saha baé anu merlukeun.   Edisi Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2015, 14,5 x 21 cm., 104 kaca, Rp 26.000,-