Langsung ke konten utama

KI MEREBOT

“Enya nyanéh ngahalalkeun bayawak, hah?
”Henteu, Juragan, teu nyebat halal.... Abdi mah nyarios bari heureuy..., bayawak tiasa diteda. Maksad abdi téh tiasa dicapék, Juragan.... Bénten deui sareng batu... sareng suluh.”
Ger deui sareuri teu katahan.
“Kurang ajar...!” saur Juragan Naib. Pasemon ngageunteul awahing ku bendu. “Awas siah, Merebot, hadis mah teu beunang dibawa heureuy, deuleu.... Doraka, siah!”
“Kumaha atuh, Juragan, pan sareng tatangga.... Sering dongkap ka rorompok ngadon ngobrol babalagonjangan.”
Ger deui ngaguruh saémpér masigit.

Dina Ki Merebot, Ahmad Bakri kalawan tapis ngagunakeun basa Sunda dina wangun paguneman anu merenah tur hirup, hususna dina ngagambarkeun kahirupan di pilemburan mangsa saméméh perang. Bisa jadi karena kasang tukangna guru, loba amanat nu hayang ditepikeun dina carpon-carponna téh. Tapi ku sabab mahér nyelapkeun heureuy has Sunda, éta amanat téh teu karasa mapatahan ku nu macana.  


Ahmad Bakri; Citakan II, 2016; 14,5 x 21 cm.; 98 kaca

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PUSAKA RATU TELUH

Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram

LEBÉ KABAYAN

Lebé Kabayan téh karya anu dipasieup ku pangarangna kalayan ngagunakeun tokoh karikaturis Sunda: Si Kabayan. Sabab mémang tokoh anu baris dicaritakeun téh nyaéta jelema anu teu salah mun disebut rada bodo, rada teu eucreug, pangedulan, gedé napsuna, hayangeun ngamangpaatkeun jabatan sanajan jabatan leutik gé, gedé kahayang tapi teu ngukur kana kaayaan diri soorangan, jll-na, nu sabagian di antarana sabenerna mah ngagambarkeun pasipatan diri urang. Jigana Ahmad Bakri boga maksud ambéh urang, nu maraca, ngaraca dirina soorangan kana eunteung lalakon Si Kabayan anu dina ieu novel ngalakonkeun peran jadi Lebé. Ari dina nyaritakeunana, pangarang anu hiji ieu mah teu kudu diwanohkeun deui. Saperti dina novel-novel atawa carpon-carpon Ahmad Bakri lianna, kasang tukang jeung séting ieu novel nyaéta kaayaan jaman normal, Ahmad Bakri;  Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan ka-1, 2016; 14,5 x 21 cm.; 68 kaca

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan