Nok Sari, randa kakara “cret”, geus jadi randa rebutan. Komo sanggeusna lubar idah mah, nu ngahelaran beuki meuweuh, lain hiji dua nu kaedanan, teu bujang teu duda, malah nepi ka nu geus boga pamajikan ge nyoba-nyoba ngadu nasib, dibelaan balanja kacoceng tur cul ka anak jeung pamajikan. Warung Bi Isoh beuki kajojo, beurang peuting ngagimbung-ngagimbung wae anu jarajan, sabab warungna teh strategi pisan pikeun ngimpleng nyi randa.Mayit dina Dahan Jengkol jejer caritana mah basajan, tapi karena ditulisna ku Ahmad Bakri, tema anu lumrah teh jadi liket jeung matak pogot dibacana.
Kiblat Buku Utama, 2021; 14,5 x 21 n; 112 kaca; Softcover