Salah sahiji katapis Ahmad Bakri dina nulis nyaeta gunem-caturna anu karasa hirup ku sabab ngagunakeun basa anu sering kadenge sapopoe, sanajan anjeunna sering ngasup-ngasupkeun kecap-kecap dialek Rancah, lembur asalna. Rea kecap dialek lemburna anu sering makalangan dina tulisan-tulisanana kayaning bebecek, salu, kusi, jrrd. Salian ti eta, dina gunem-catur carita-carita Ahmad Bakri rea nu matak seuri, sabab Ahmad Bakri beunghar sarta parigel pisan dina ngagunakeun humor minangka bungbu carita teh. Kaparigelanana dina ngabungbuan dialog ku humor teh, dimangpaatkeun sacara optimal dina Serial Ua Haji Dulhamid. Sanajan nu sejen kabeh ge ngahormat ka Ua Haji Dulhamid teh. tapi osok aya bae nu ngaheureuyan mah.Hal eta tanwande nyababkeun nu macana hayang seuri, paling imut dina benci.
Kiblat Buku Utama, Cit II, 2020; 14,5 x 21 cm; 100 kaca; Softcover