Sajongjongan Guliper nyangka aya dina pangimpian; tapi ana dihantem matana dikucap-kiceup, tétéla manéhna téh lain keur héés, éstu nyaring. Éta jalma leutik téa bangun saruka ati pisan, arey-areyan dina dada Guliper, jeung bangun karagéteun, duméh nénjo jelema sakitu gedéna. Barakatak maranéhanana saleuseurian, semu anu ieu aing geus manggih sarta meunangkeun yaksa. Ari sorana kadéngéna ku Guliper sada sora jangkrik, leutik, tapi ngéngkréng....Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2022; 14,5 x 21 cm; 192 kaca; Softcover
R. Hanapiah Ieu buku nyaritakeun budak yatim nu ditinggalkeun maot ku bapana waktu umurna opat taunan. Tuluy manéhna dikukut ku lanceukna sabapa anu geus boga pamajikan jeung budak lalaki sapantar manéhna. Hanjakal sanajan jeung dulur, manéhna mindeng disiksa lamun nyieun kasalahan anu teu sapira. Bakat ku teu kuat, manéhna minggat balik ka indungna babarengan jeung lanceukna saindung-sabapa anu karék sababaraha minggu nganjrek di dinya. Kungsi deuih milu ka lanceukna sabapa nu awéwé tapi boga adat sarua goréngna, ngan untungna salakina bageur. Manéhna dijieun bujang ku adi salaki-lanceukna bari diajar maca jeung ngaji, malah kungsi sakola jeung meunang ijasah sakola kelas dua. Kungsi nepungan dulur-dulur bapana di Singaparna, ngalaman sababaraha kali jadi kuli kontrak, tungtungna jadi Jurutulis di kacamatan lantaran boga ijasah téa. Salian ti ngagambarkeun tekad jeung perjuangan hiji budak nu hayang kaluar tina hal-hal nu matak ngarugikeun dirina, sarta tarékah keur kamajuan hirupn...