Salah sahiji katapis Ahmad Bakri dina nulis nyaeta gunem-caturna anu karasa hirup ku sabab ngagunakeun basa anu sering kadenge sapopoe, sanajan anjeunna sering ngasup-ngasupkeun kecap-kecap dialek Rancah, lembur asalna. Rea kecap dialek lemburna anu sering makalangan dina tulisan-tulisanana kayaning bebecek, salu, kusi, jrrd. Salian ti eta, dina gunem-catur carita-carita Ahmad Bakri rea nu matak seuri, sabab Ahmad Bakri beunghar sarta parigel pisan dina ngagunakeun humor minangka bungbu carita teh. Kaparigelanana dina ngabungbuan dialog ku humor teh, dimangpaatkeun sacara optimal dina Serial Ua Haji Dulhamid. Sanajan nu sejen kabeh ge ngahormat ka Ua Haji Dulhamid teh. tapi osok aya bae nu ngaheureuyan mah.Hal eta tanwande nyababkeun nu macana hayang seuri, paling imut dina benci.Kiblat Buku Utama, Cit I, 2020; 14,5 x 21 cm; 98 kaca; Softcover
Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram