Di lebak téh aya balong, meujeuhna gedéna. Di juru beulah kalér aya tajug. Gigireunana aya pancuran, caina hérang ngagelenggeng. Cinyusu kitu. Teu jauh ti dinya, aya pamiceunan. Paranti urang tonggoh nu teu boga pamiceunan sorangan. Barang Tisna jeung Cécép rék arasup ka pancuran, ti jero tajug aya nu ka luar bangun rusuh. Ana prok padeuleu beungeut, it reuwas ieu kagét. Ngajarengjen salila-lila.
“Tas naon Kuk... ti tajug?” ceuk Tisna.Ikuk nu kakara ka luar ti tajug, samar polah. Leungeun katuhuna disumputkeun ka tukang, bari pokna, “Eu... henteu. Taeun Tis... lohor heula...,” omongna geumpeur.
Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 38 gelas; Softcover