Salah sahiji katapis Ahmad Bakri dina nulis nyaeta gunem-caturna anu karasa hirup ku sabab ngagunakeun basa anu sering kadenge sapopoe, sanajan anjeunna sering ngasup-ngasupkeun kecap-kecap dialek Rancah, lembur asalna. Rea kecap dialek lemburna anu sering makalangan dina tulisan-tulisanana kayaning bebecek, salu, kusi, jrrd. Salian ti eta, dina gunem-catur carita-carita Ahmad Bakri rea nu matak seuri, sabab Ahmad Bakri beunghar sarta parigel pisan dina ngagunakeun humor minangka bungbu carita teh. Kaparigelanana dina ngabungbuan dialog ku humor teh, dimangpaatkeun sacara optimal dina Serial Ua Haji Dulhamid. Sanajan nu sejen kabeh ge ngahormat ka Ua Haji Dulhamid teh. tapi osok aya bae nu ngaheureuyan mah.Hal eta tanwande nyababkeun nu macana hayang seuri, paling imut dina benci.Kiblat Buku Utama, Cit I, 2020; 14,5 x 21 cm; 108 kaca; Softcover
R. Hanapiah Ieu buku nyaritakeun budak yatim nu ditinggalkeun maot ku bapana waktu umurna opat taunan. Tuluy manéhna dikukut ku lanceukna sabapa anu geus boga pamajikan jeung budak lalaki sapantar manéhna. Hanjakal sanajan jeung dulur, manéhna mindeng disiksa lamun nyieun kasalahan anu teu sapira. Bakat ku teu kuat, manéhna minggat balik ka indungna babarengan jeung lanceukna saindung-sabapa anu karék sababaraha minggu nganjrek di dinya. Kungsi deuih milu ka lanceukna sabapa nu awéwé tapi boga adat sarua goréngna, ngan untungna salakina bageur. Manéhna dijieun bujang ku adi salaki-lanceukna bari diajar maca jeung ngaji, malah kungsi sakola jeung meunang ijasah sakola kelas dua. Kungsi nepungan dulur-dulur bapana di Singaparna, ngalaman sababaraha kali jadi kuli kontrak, tungtungna jadi Jurutulis di kacamatan lantaran boga ijasah téa. Salian ti ngagambarkeun tekad jeung perjuangan hiji budak nu hayang kaluar tina hal-hal nu matak ngarugikeun dirina, sarta tarékah keur kamajuan hirupn...