Joehana dina Carios Agan Permas geus ngagambarkeun kaayaan hirup bangsa pribumi nu miskin cara Bapa Imba, anu teu pisan ditangtayungan ku hukum, jeung urang Walanda cara Tuan Kawasa van der Zwak anu bisa sakarepna nganteur kahayangna sangkan laksana: Bapa Imba mah pikeun ngagarap sawah beunang nyéwana kapaksa nginjeum duit rénten dua puluh pérak ka Haji Serbanna bari nandonkeun imah anu dicicinganana, ari van der Zwak gampang pisan méré peresén saratus rupia malah saratus dua puluh lima rupia ka Radén Sukarna jeung ka Sastra, duméh bisa ngaboyong Agan Raja Permas palsu nu rék dipiara dijadikeun nyai .Ku kituna Joehana cara hayang ngagambarkeun yén dina hirup kumbuhna aya kahirupan anu béda pisan, lain baé ajén-inajén moralna, tapi ogé bilangan-bilangan anu dipaké pikeun ngukur kanyataan-kanyataan. Éta dua rupa kahirupan téh, istuning misah-misah, padahal duanana ogé aya di hiji wilayah anu sarua: anu jadi jagat (seting) roman Carios Agan Permas téh kota Bandung jeung sabudeureunana jeung kota Jakarta.
Sanajan réa anu sacara karikatural digambarkeunana, tapi kahirupan sosial urang Sunda anu dicaritakeun ku Joehana téh dumasar kana kanyataan-kanyataan aktual….
Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 180 hal
Komentar