Sakur nu arendah ti Asia kabeh aya di dieu: gunung-gunung nu ditudung salju, walungan nu caina tarik, laut, langit lenglang, sasatoan nu lalucu pangeusi leuweung geledegan atawa nu rendang di sampalan, raja-raja jeung prameswarina, sarta rahayat nu barasajan. Carita-carita nu kieu di mana-mana ge kacida dipikaresepna. Taya nu ingeteun di mana mimiti didarongengkeunana, tapi ku sarerea sok diparusti-pusti cara bandana pribadi, karena ari jero-jerona mah ieu dongeng-dongeng teh ngakar dina lemah cai nu hiji: jelema mah kabeh ge sarua. Ku kituna atuh hidep sarerea ge tangtu bakal resepna kana dongeng-dongeng nu aya dina ieu buku teh.
Kiblat Buku Utama, Cit. ka-1, 2021; 14,5 x 21 cm; 48 kaca; Softcover