Langsung ke konten utama

TITIMANGSA

68 Sajak Alit Abdullah Mustappa
Abdullah Mustappa nulis prosa, puisi, jeung éséy boh dina basa Sunda boh dina basa In­donésia. Éséyna ngeunaan puisi Amir Hamzah unggul dina sayém­bara nu diayakeun ku Pusat Bahasa, Jakarta. Taun 1997, Abdullah dilélér Anugerah Jurnalistik “Zulharmans” ti PWI Pusat pikeun éséy­­na “Kita Butuh Dialog Kebudayaan” nu dimuat dina harian Pi­kir­an Rakyat. Bukuna nu geus terbit di antarana Hang Tuah (1974), Lembur Singkur (1979), Nu Teu Kungsi Ka­lisankeun (1981), Mikung (1983), Si Mata Heu­lang (saduran bébas, 1980), Wirahma Sajak (panganteur aprésiasi pu­isi keur siswa sakola lanjutan, 1985), jeung Cihaliwung Nunjang Ngidul (1995). Jadi éditor buku Sawidak Carita Pondok (kumpulan 60 carpon pinilih, 1982), Panggung Wayang (kumpulan carpon Aam Amalia, 1992), Saratus Sajak Sunda (1992), Sajak Sunda Indonésia Emas (1995). Taun 1995, Abdullah dilélér Hadiah Samsudi pi­keun bacaan barudak ti Yayasan Kabudayaan Rancagé. Taun 2001, Abdulah dilélér Hadiah Jurnalistik Moh. Koerdi ti Paguyuban Pa­sundan. Taun 2006, Abdullah dilélér Hadiah Sastra Rancagé pikeun jasa-jasana dina enggoning ngamumulé jeung mekarkeun kasu­sas­tra­an Sunda.
Kungsi jadi pingpinan Penerbit Pustaka Karsa Sunda, redak­tur tabloid basa Sunda Galura (Grup Pikiran Rakyat), jeung anggota redaksi koran Pikiran Rakyat.

Cit. I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; Rp 18.000,-

Komentar

Postingan populer dari blog ini

PUSAKA RATU TELUH

Pusaka Ratu Teluh mangrupa saduran tina carita anu asalna ti nagri Barata (India), nyaritakeun hiji rajangaranna Triwikramasenaanu pinunjul, kaceluk digdaya, gagah, tur wijaksana. Ku wiku anu boga niat jahat, eta Raja dipinangsaraya nyandak mayit anu kaancikan roh Ratu Teluh tina hiji tangkal. Waktu rek dibawa ka hareupeun eta wiku, Ratu Teluh ngadongeng anu ngemu pasualan pelik anu kudu dijawab kalawan arip ku Raja. Tapi sanggeus menjawab kalawan wijaksana, ku Ratu Teluh mayit teh dibalikkeun deui kana eta tangkal. Sabada dicandak deui ku Raja, Ratu Teluh ngadongeng deui. Kitu deui jeung kitu deui bae nepi kagenep-welas kalina. Ahirna karep jahat eta wikunu boga maksud rek ngawasa sakabeh dedemitteh diebrehkeun ku Ratu Teluh, tuluy eta wiku ditelasan ku Raja. Pamenta Raja ka Ratu Teluh anu dirojongan ku para dewa ti Kahiangan nyaeta, Mugi-mugi ieu dongeng-dongeng pikaresepeun ku warna eusina, sarta nu panutupna di dunya sing mashur, pada ngagungkeun. Dina ahir lalakon, Raja Triwikram

LEBÉ KABAYAN

Lebé Kabayan téh karya anu dipasieup ku pangarangna kalayan ngagunakeun tokoh karikaturis Sunda: Si Kabayan. Sabab mémang tokoh anu baris dicaritakeun téh nyaéta jelema anu teu salah mun disebut rada bodo, rada teu eucreug, pangedulan, gedé napsuna, hayangeun ngamangpaatkeun jabatan sanajan jabatan leutik gé, gedé kahayang tapi teu ngukur kana kaayaan diri soorangan, jll-na, nu sabagian di antarana sabenerna mah ngagambarkeun pasipatan diri urang. Jigana Ahmad Bakri boga maksud ambéh urang, nu maraca, ngaraca dirina soorangan kana eunteung lalakon Si Kabayan anu dina ieu novel ngalakonkeun peran jadi Lebé. Ari dina nyaritakeunana, pangarang anu hiji ieu mah teu kudu diwanohkeun deui. Saperti dina novel-novel atawa carpon-carpon Ahmad Bakri lianna, kasang tukang jeung séting ieu novel nyaéta kaayaan jaman normal, Ahmad Bakri;  Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan ka-1, 2016; 14,5 x 21 cm.; 68 kaca

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan