Yus Rusamsi
Wilujeng énjing!” Pokna sajeroning haté bari mapantes lentongna jeung rengkuhna. Ku manéhna geus diajam ti anggalna, yén lamun engké Anah ngalanggéor deui liwat ka hareupeunana, moal deuk asa-asa, cara sasari, cara dina mangsa-mangsa sawatara bulan ka tukang, rék ngawilujengkeun deui bari imut, ”Wilujeng énjing.”
Harita manéhna—Uca—ngahajakeun indit ti imahna téh béda ti sasari, leuwih isuk, leuwih tangginas, sangkan henteu kapiheulaan ku Anah. Haténa geus lébér ku harepan bisa patepung deui, bisa ngadéngé deui galindengna sora Anah anu ngawalonan ari diwilujengkeun, ”Wilujeng énjing.”
Citakan I, 2010; 14,5 x 21 cm.; 44 kaca; Rp 12.000,-

Komentar