Nepi ka ayeuna guguritan-guguritan Haji Hasan Mustapa téh ngan sumebar di sawatara kalangan anu mikagum jeung mikaresepna, mangrupa hasil silih salin, paling-paling disténsil, tacan aya nu dibukukeun, kajaba ti guguritan “Biantara Kasinoman” nu dimuat dina Volksalmanak Soenda (1929) jeung sawatara guguritan anu dimuat dina Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana (Ajip Rosidi, Pustaka, Bandung, 1988), beunang disebut henteu dipikawanoh ku umumna urang Sunda. Nu matak usaha medalikeunana dianggap penting, ambéh urang Sunda wawuheun kana karya-karya bujangga anu teu weléh dipikareuus jeung dipiagulna.
Dina Seri Guguritan Haji Hasan Mustapa nu kaopat ieu, dimuat pupuh Sinom Wawarian, ditranskripsi tina naskah mikrofis
Dina Seri Guguritan Haji Hasan Mustapa nu kaopat ieu, dimuat pupuh Sinom Wawarian, ditranskripsi tina naskah mikrofis
Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2009; 14,5 x 21 cm.; 56 kaca; Softcover