Ajip Rosidi
Dina basa Sunda apan réa pisan kecap anu ngagambarkeun anu seuri: nyeuleukeuteuk, ceuceuleukeuteukan, nyakakak, nyikikik, ngahaha, ngabarakatak, seuri leutik, imut, imut kanjut, kéom, jeung lian-lianna. Imut, imut kanjut jeung kéom mah tacan jadi seuri, kakara bibit kana seuri. Tapi sakapeung leuwih leleb leuwih anteb manan nu ngabarakatak. Lulucon anu dikumpulkeun dina ieu buku anu dijudulan "Seuri Leutik", lamun dianggap lucu, nu maca henteu kudu ngan ukur seuri leutik. Nyanggakeun naha rék ngabarakatak, nyikikik, nyakakak, nyeuleukeuteuk, kéom, imut kanjut atawa lianna. Palebah seuri mah démokratis, urang wenang milih anu luyu jeung kahayang urang. Tur henteu kudu seuri ari henteu dianggap lucu mah, sanajan ulah jamedud. Bisi kembu pipi.
Citakan I, 2008; 14,5 x 21 cm; 84 kaca; Rp 20.000,-

Komentar