Usép Romli H.M.
Kaayaan Cipawening nu beuki katangén kakukuh pengkuhanana sabada krisis minyak tanah. Ayeuna kasaksén pisan. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon. Pangeusi lembur nu ngahargaan lingkungan alam sabudeureun pilemburan, ti mimiti puncak pasir pangluhurna nu dijadikeun leuweung ganggong simagonggong, nepi ka dataran panghandapna di babantar Citalaga.
“Sapeuting di Cipawening”—salahsahiji carpon dina ieu kumpulan carpon—ngagambarkeun kaayaan “lembur adat” nu kokolotna boga, ceuk istilah ayeuna, kearifan lokal, ngaliwatan tokohna nalika ngajalankeun tugas jurnalistik meuting di éta lembur. Téma carpon dina ieu buku lolobana diangkat tina masalah kahirupan jalma leutik di pilemburan Sunda nyanghareupan parobahan jaman, teu jauh tina téma karya-karya Usép saméméhna.
Citakan I, 2010; 14,5 x 21 cm.; 92 kaca; Rp 22.000,-

Komentar