Dadan Sutisna
Rina, Diran, Anis, jeung Emod téh opat sobat nu sarakola di SMP 1001. Hiji mangsa, Diran manggih keretas ti gudang, eusina ukur béréndélan angka hiji jeung enol. Ngan tétéla, éta angka téh nyimpen rasiah penting.
Opatanana panasaran hayang manggih harti éta angka, nu disebut kodeu binér téa. Tapi maranéhna kudu adu hareupan jeung jalma-jalma nu keur néangan éta kodeu.
Naha Rina saparakanca bisa neguh éta kodeu? Terus aya rasiah naon dina éta angka téh?
Rasiah Kodeu Binér, buku bacaan barudak karangan Dadan Sutisna. Pangarangna kungsi dilélér Hadiah Samsoedi pikeun buku bacaan barudak: Nu Ngageugeuh Legok Kiara (2002) jeung Mistéri Haur Geulis (2004).
Citakan I, 2010; 14,5 x 21 cm.; 108 kaca; Rp 27.000,-

Komentar