Rasiah Geulang Rantay ngagambarkeun kaasih hiji indung ka anakna anu henteu aya wates wangenna. Pikeun kabagjaan anakna sorangan, manehna nyumputkeun identitas dirina, da cek pamikirna lamun anakna teh dibere terang baris nimbulkeun katugenah kana hate anakna. Ieu carita anu dipikaresep ku balarea teh kungsi dilalakonkeun ku longser jeung sandiwara dina mangsa samemeh perang. Malah dina taun 1967 kungsi disalin kana basa Indonesia ku Zuber Usman.
Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm.; 152 kaca; Softcover