Olla S. Sumarnaputra
Rangga Maléla nyaritakeun kaayaan dayeuh Kutamaya (kira-kira sababaraha kilométer kaléreun Sumedang), puser karajaan Kutamaya—bawahan Galuh anu harita dirajaan ku Wastu Kancana (1371-1475)—sabada ditalukkeun ku sélér bajo (karajaan leutik) Silalawi, anu dirajaan ku Ranggapati. Tapi ku lantaran kahéngkéran raja, nu nyekel kakawasaan saenyana mah praméswari tur jeung dijurung ku Ki Langkara—hulubalang salingkuhanana praméswari. Basa Kutamaya dirurug ku wadyabalad Silalawi, Rangga Maléla—putra mahkota raja Kutamaya mangsa harita, Prabu Gangga Maléla—masih orok kénéh, nu tuluy disalametkeun ku sénopati karajaan, Ki Jagabaya, laju dibawa ka Galuh. Dina ieu buku dicaritakeun ogé Ratna Inten nalika masih kénéh budak. Ratna Inten téh putri Ranggapati jeung garwa kaduana, alona raja Gangga Maléla anu henteu milu bélapati cara para putri karaton lianna nu tuluy jadi putri boyongan.
Rangga Maléla téh buku kahiji tina trilogi roman anu kasangtukangna sajarah jeung légenda Sunda yasana Olla Sumarnaputra. Dua buku lianna, Ratna Inten jeung Tumpurna Ki Langkara.
Citakan I, 2011; 14,5 x 21 cm.; 112 kaca; Rp 27.000,-

Komentar