Yoséph Iskandar
Pamanahrasa nurut, bari usad-ésod, diukna ngésér ka palebah amparan gigireun Syéh Ahmad. Luk tungkul murungkut jiga kuuk.
Santri-santri nu geus réngsé daharna, loba nu kalaluar ti jero masjid. Nu kamerekaan, gura-giru muru walungan. Di jero masjid katempo rada coréngcang.
Nyai Subanglarang imeut nalingakeun lalaki anyar pinanggih nu diuk gigireun Syéh Ahmad. Sabot kitu, Pamanahrasa nyengkatkeun tungkulna. Prok paadu teuteup jeung Nyai Subanglarang. Seblak! Aya nu nyeblak na angen-angen Nyai Subanglarang, bareng jeung nyeblakna Pamanahrasa.
Citakan I, 2009; 14,5 x 21 cm.; 105 kaca; Rp 27.000,-

Komentar