Tapi aneh, beda tina sangkaan, gelap téh diarap-arep teu disada, sabab Tuan Marsekalek kaburu kaget ku pepetaanana pangawulaan olohok kawas nu leungiteun akal. Ari nu jadi ngagetkeun ka Tuan Besar nyaeta barang song anjeunna ngasongkeun panangan, ku Dalem Sumedang diterimana ku panangan kiwa, sabab nu tengen mah dianggo nyepeng landean keris, nu geus beunang ngagilirkeun ka payun.
Ari lilir tina hookeunana reup rarayna Tuan Marsekalek beureum, socana muncereng, waosna kekerot, bendu ngagugudug, duméh ngaraos diunghak. Kawasna lamun teu emut kana kajatnikaan salira, palay gampleng bae neunggeul ku tetekenna.
Sakur nu narenjo pada bengong, beungeutna ngadadak parias, inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang, sieun goreng balukarna. Saha nu teu rek mangsalempangkeun ka Dalem Sumedang, sabab cek babasan teh mah pacikrak ngalawan merak, bonteng ngalawan kadu. Tangtu bae anjeunna anu cilaka, sabab ari Tuan Besar mah anu kagungan kakawasaan sattanah Hindia, kawasa mocot, kawasa ngahukum. Komo ieu mah sakitu barangasanana, pantesna moal aya rasrasan.
Kiblat Buku Utama, Cit. II, 2021; 14,5 x 21 cm; 152 kaca; Softcover