R.A. Danadibrata
Juragan Wadana barang ngadangu Karta ngomong kitu, gancang balik deui, jeung rada hésé leumpang gé da diparuntangan ku duaan. Barang palebah péngkolan ngalieuk kana urut tadi, bener waé poék méh teu katénjo curuk-curuk acan. Camat jeung Karta muntangna ka Wadana beuki pageuh waé. Tatabeuhan nu tadina kadéngé ngungkungan bet jadi jempling teu kadéngé sorana.
Juragan Wadana di dinya ngajanteng ngadeg salila-lila bari maca istigpar sarta ngusap raray bisi téténjoan palsu atawa ngimpi, tapi tétéla téténjoan bener. Haté kagét jeung héran luar biasa, malah saumur dumelah kakara ngala-man kasulap kitu. Ngusap beungeut gé henteu sakali waé maké aya kana dua-tilu kalina, tétéla, yén lain ngimpi atawa ngalindur.
Citakan I, 2009; 14,5 x 21 cm.; 94 kaca; Rp 23.000,-

Komentar