Téddy A.N. Muhtadin
Puguh wé dina enas-enasna mah sajak Téddy téh katingalina miang tina pangalaman pribadi nu kongkrit. Ngan baé lebah ngébréhkeunana katémbong nu nyajak metakeun tarékah sangkan tepi ka pribadi-pribadi lianna, nyaéta kum wé nu maraca. Lebah dieu katiténan perkara nu kadua, nyaéta perkara préténsi sajakna.
Dina ieu buku aya sawatara sajak nu tayohna ngajak mikir, sasat aya momot gagasan di satukangeun ungkarana. Sajak “Siram”, “Sabudereun Méja”, “Ngeunteung”, jeung “Tembang Tresna Saos Tomat”, upamana, siga ka dinya loyogna. Nu nyajak sasatna ulin di antara “kalangkang jeung logika” nu teu pamohalan aya kalana “pabéntar silih yakinkeun”. Nu diimplengna aya kalana tumali jeung pati, cara “Tutas Mandi Muka Lomari” atawa “Ngiringkeun Pasaran”, tur aya kalana deuih tumali jeung hal-ihwal nu sipatna métafisik cara “Ngaderes Hasan Mustapa” atawa “Halwat”.
Ku jalan kitu, bawirasa, Téddy geus némbongkeun poténsina enggoning ilubiung ngamekarkeun sajak Sunda.
Citakan I, 2010; 14,5 x 21 cm.; 56 kaca; Rp 15.000,-

Komentar