Dina sawatara carita karangan Tjaraka (sandiasmana Wiranta, 1902-1983), aya hiji tema anu siga jadi obsési keur nu ngarangna, nyaéta anu patali jeung kaom ménak katut kaom tani. Nu dipimaksud ku ménak dina karangan-karangan Tjaraka, lain ngan kaom priyayi nu jaman baheula baé, tapi ogé para gegedén kiwari anu hirupna di kota, nu bari tara ngaluarkeun késang hirup tina hasil patani bantingtulang ngagarap sawah ngahasilkeun béas nu jadi kadaharan utamana sapopoé. ~Ajip Rosidi
Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2021; 14,5 x 21 cm.; 96 kaca