Geus dina sajak-sajakna anu munggaran, Etti nembongkeun dirina minangka hiji panyajak anu sawawa, boh dina pilihan ungkarana boh dina sikep dirina. Dina sajak-sajak Etti, kalimah-kalimah basajan jiga anu sacara otomatis jadi metafora anu mere hrti rangkepan, nu nyababkeun sajakna winangun ku lapisan-lapisan makna anu dina waktu maca munggaran mah tacan kakobet. Etti ngamangpaatkeun anasir-anasir puisi sunda tradisional kayaning purwakanti, metafora jeung lian-lianna sacara tapis tur efektif. Kadeudeuhna ka banjar karang pamidanganana, kawanohna kana sajarah katut tokoh-tokohna, kitu deui karesepna anu taya sudana ngaprak ka seseluk nu salingkur pilemburanana, jiga cinyusu anu ngagelenggeng jadi sumber sajak-sajakna. ~Ajip Rosidi
Kiblat Buku Utama, Citakan II, 2020; 14,5 x 21 cm; 88 kaca; ISBN 978-623-7670-89-6