Ajip Rosidi
Sanajan geus rada lila jadi nagara merdéka nu diaku ku dunya internasional, henteu otomatis urang sorangan jadi bangsa merdéka. Ratusan taun dijajah ku bangsa deungeun tur saméméhna dijajah ku bangsa sorangan, geus nimbulkeun méntalitas féodal anu jero pisan nyangkarukna dina jiwa bangsa urang. Tulisan-tulisan ngeunaan kamasarakatan jeung politik nasional nu dimuat dina ieu buku paling henteu méré kamungkinan jawaban kana kaayaan kiwari anu sakitu pabaliutna, jeung nuduhkeun masalah-masalah anu kudu disanghareupan, sugan baé bisa méré wewengan ka sing sakur anu ancrub di lapangan, minangka salah sahiji pandangan di sagigireun pandangan-pandangan lianna pikeun babandingan.
Citakan I, 2010; 14,5 x 21 cm.; 108 kaca; Rp 22.000,-

Komentar