Kalepatan Putra Dosana Ibu Rama minangka carita ngeunaan ancurna rumah tangga Haji Saleh jeung gagalna Gan Mahmud ngabagjakeun Endén Hadijah. Dina ieu buku digambarkeun sikep pangarang ngeunaan milih pijodoeun, patula-patalina jeung barobahna ajén-inajén akibat tina atikan sakola awal abad kadua puluh.
Salian ti nyuguhkeun carita anu tragedi téh, Joehana bangun anu ngarasa perlu nandeskeun yén éta tragédi téh nepi ka kajadianana lain kasalahan budak (kaom muda) baé, tapi nyumber kana kasalahan (dosana) ibu-ramana (kaom sepuh).
Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2021; 14,5 x 21 cm.; 116 kaca